Upami ningali tina "output"/hasil pilkada dipilih
sacara langsung, leres teu aya bentenna sareng dipilih
ku para anggota DPRD,dimana sababarah kasus daerah anu
dipingpin pupuhu hasil pilkada, teu aya pangaruh
sacara signifikan kana kasejahteraan rahayat.

Tapi ceuk sakaol mah, saurna ku ayana pilkada teh
ngadewasakeun rahayat dina proses berdemokrasi.

Sami sapertos dina kasus ngagentos rezim orde baru ka
orde reformasi. Sabada rezim reformasi lumangsung 10
taun, teu katingali tanda-tanda kaayaan langkung sae
batan jaman orde baru. Atuh kacindekan masyarakat
nganilai, mendingan balik deui ka jaman orde baru.
Naha yakin upami balik deui ka jaman orde baru, bakal
tiasa sejahtera?

Nya anu kedah tanggel waler mah, para pimingpin.
Rahayat mah da mung "sumuhun dawuh".
Tapi saur Ambu Diana mah, rahayat oge kedah gaduh
pamadegan, teu kenging "sumuhun dawuh" wae.
Muhun, idealna mah rahayat dina era reformasi teh
kedah siga kitu.

baktos,

mrachmat uidipura
masih keneh janten rahayat "sumuhun dawuh"


--- jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> wargi kusnet sadaya, 
> utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> sareng anu  dipercanten janten wakil rakyat, 
> abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat
> bupati, walikota,
> jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos
> kapungkur,
> janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung
> dewan bae,
> 
> da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung
> dulur lantaran
> hasutan provokasi... 
> 
> keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> da buktina make sistim milih langsung oge angger wae
> nu menang teh
> jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari
> jeung teuing timana
> eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang
> rahayat anu dikorupsi...
> 
> cag ah.
> 
> pun njum
>   
> 
> 
> 
>    
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke