Abdi mah ngarasa prihatin 
rahayat nu teu butuh nanaon dina pulitik
di gunakeun tim sukses, di jurung jurung demo, 
diadu adu sepertos kajadian di maluku tengah, sulawesi selatan
komo tingkat bupati mah, aya istilah kagok asong 
mun eleh der ngaruksak fasilitas umum
mitnah anu meunang,  cenah pilkada na teu fair jeung sajabana
ngabuktikeun tong boro hayang ngadewasakeun rahayat 
di tingkat pamimpin oge geus teu dewasa ( nya burung tea meureun )
persis zaenal maarif pedah diturunkeun ti anggota dewan
der mitnah presiden... 
ah pulitik... lieur.. 
mudah mudahan wae urang sunda mah pinter kabeh 
teu beunang di hasut jeung dibobodo.

sadulur salembur kudu akur
pun Njum













--- In [email protected], MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upami ningali tina "output"/hasil pilkada dipilih
> sacara langsung, leres teu aya bentenna sareng dipilih
> ku para anggota DPRD,dimana sababarah kasus daerah anu
> dipingpin pupuhu hasil pilkada, teu aya pangaruh
> sacara signifikan kana kasejahteraan rahayat.
> 
> Tapi ceuk sakaol mah, saurna ku ayana pilkada teh
> ngadewasakeun rahayat dina proses berdemokrasi.
> 
> Sami sapertos dina kasus ngagentos rezim orde baru ka
> orde reformasi. Sabada rezim reformasi lumangsung 10
> taun, teu katingali tanda-tanda kaayaan langkung sae
> batan jaman orde baru. Atuh kacindekan masyarakat
> nganilai, mendingan balik deui ka jaman orde baru.
> Naha yakin upami balik deui ka jaman orde baru, bakal
> tiasa sejahtera?
> 
> Nya anu kedah tanggel waler mah, para pimingpin.
> Rahayat mah da mung "sumuhun dawuh".
> Tapi saur Ambu Diana mah, rahayat oge kedah gaduh
> pamadegan, teu kenging "sumuhun dawuh" wae.
> Muhun, idealna mah rahayat dina era reformasi teh
> kedah siga kitu.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> masih keneh janten rahayat "sumuhun dawuh"
> 
> 
> --- jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > wargi kusnet sadaya, 
> > utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> > sareng anu  dipercanten janten wakil rakyat, 
> > abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat
> > bupati, walikota,
> > jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos
> > kapungkur,
> > janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung
> > dewan bae,
> > 
> > da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung
> > dulur lantaran
> > hasutan provokasi... 
> > 
> > keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> > da buktina make sistim milih langsung oge angger wae
> > nu menang teh
> > jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari
> > jeung teuing timana
> > eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang
> > rahayat anu dikorupsi...
> > 
> > cag ah.
> > 
> > pun njum
> >   
> > 
> > 
> > 
> >    
> > 
> > 
> 
> 
> 
>      
____________________________________________________________________________________
> Looking for last minute shopping deals?  
> Find them fast with Yahoo! Search. 
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
>


Kirim email ke