Haturan,
Ieu bukti yen reformasi teh ngan setengah hate.
Niat jeung maksudnamah alus. Niatna pemerintahan ti rakyat keur rakyat
jeung ku rakyat nyaeta demokrasi tea. NGAN SISTEM NA TEU PUGUH.
Naha make teu puguh?
Kulantaran struktur organisasi nagara urang masih angger jiga jaman
ORBA(Hirarki, PRESIDEN,DEPDAGRI,GUBERNUR,BUPATI,CAMAT,LURAH,RW,RT).
Sok we emutan, naha teu aya PILKADA CAMAT atanapi LURAH?
Naha Ari Pilkada RW atanapi RT aya (he..he..bari pa embung-embung da
eweuh duitna!).

Supaya rada puguh, nya nyonto we ka sistem pemilu Amerika KABEH, ulah
sapotong-sapotong.  Ulah siga ayeuna, nyonto ka sistem Belanda(anglo
saxon) heunteu, conto ka sistem amerika continental heuntu, ah campur
aduk we gado-gado.

Buktina naon, puguh aya DPRD eh... aya oge DPD ... pan teu puguh
gawena.(kitu oge aya MPR eh aya oge DPR). Konsepna pabaliut. 

Ragu-ragu lamun nyieun negara bagian(state), tapi siganama urang sunda
satuju teu nyieun negara bagian sunda??

Jadi pabetot-betot, antawis sistem sentralisasi jeung desentralisasi,
hoyong otonomi(pinuh? ku korupsi) tapi lamun 'otonomi pinuh'
dilaksanakeun sieun negara paburencay cay.

Nu puguh mah jadi meakeun duit. Demokrasi jadi salin rupa, keur duit,
make duit, ti duit jeung neangan duit.  he.he..he
Apan aya pepatahna, "MARI KITA KEMBALI KE UUD"  (Ujung-Ujungnya Duit)

Punten ah.

Salam baktos


--- In [email protected], "jm_hndsm" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> wargi kusnet sadaya, 
> utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> sareng anu  dipercanten janten wakil rakyat, 
> abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat bupati, walikota,
> jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos kapungkur,
> janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung dewan bae,
> 
> da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung dulur lantaran
> hasutan provokasi... 
> 
> keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> da buktina make sistim milih langsung oge angger wae nu menang teh
> jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari jeung teuing timana
> eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang rahayat anu
dikorupsi...
> 
> cag ah.
> 
> pun njum
>


Kirim email ke