Satungtung anu dipilih tetep kudu ngaluarkeun duit keur kampanye jeung
nyogok..dipilih ku rakyat langsung jeung ku anggota DPRD..iyah sami keneh
wae...teu jujurna..........

On 2/8/08, Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   meni kedah nyeepkeun artos rakyat ngabelaan demokrasi
> teh atuh nya? mending upami rakyat ngaraoskeun hasilna
> mah...
>
> baktos
> Tessar
>
> --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]<mrachmatrawyani%40yahoo.com>
> >
> wrote:
>
> > Upami ningali tina "output"/hasil pilkada dipilih
> > sacara langsung, leres teu aya bentenna sareng
> > dipilih
> > ku para anggota DPRD,dimana sababarah kasus daerah
> > anu
> > dipingpin pupuhu hasil pilkada, teu aya pangaruh
> > sacara signifikan kana kasejahteraan rahayat.
> >
> > Tapi ceuk sakaol mah, saurna ku ayana pilkada teh
> > ngadewasakeun rahayat dina proses berdemokrasi.
> >
> > Sami sapertos dina kasus ngagentos rezim orde baru
> > ka
> > orde reformasi. Sabada rezim reformasi lumangsung 10
> > taun, teu katingali tanda-tanda kaayaan langkung sae
> > batan jaman orde baru. Atuh kacindekan masyarakat
> > nganilai, mendingan balik deui ka jaman orde baru.
> > Naha yakin upami balik deui ka jaman orde baru,
> > bakal
> > tiasa sejahtera?
> >
> > Nya anu kedah tanggel waler mah, para pimingpin.
> > Rahayat mah da mung "sumuhun dawuh".
> > Tapi saur Ambu Diana mah, rahayat oge kedah gaduh
> > pamadegan, teu kenging "sumuhun dawuh" wae.
> > Muhun, idealna mah rahayat dina era reformasi teh
> > kedah siga kitu.
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmat uidipura
> > masih keneh janten rahayat "sumuhun dawuh"
> >
> >
> > --- jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED] <jm_hndsm%40yahoo.com>> wrote:
> >
> > > wargi kusnet sadaya,
> > > utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> > > sareng anu dipercanten janten wakil rakyat,
> > > abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat
> > > bupati, walikota,
> > > jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos
> > > kapungkur,
> > > janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung
> > > dewan bae,
> > >
> > > da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung
> > > dulur lantaran
> > > hasutan provokasi...
> > >
> > > keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> > > da buktina make sistim milih langsung oge angger
> > wae
> > > nu menang teh
> > > jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari
> > > jeung teuing timana
> > > eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang
> > > rahayat anu dikorupsi...
> > >
> > > cag ah.
> > >
> > > pun njum
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> __________________________________________________________
> > Looking for last minute shopping deals?
> > Find them fast with Yahoo! Search.
> >
> http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
> >
>
> __________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and
> know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>
> 
>

Kirim email ke