Heuheuheu.. 
puguh tea nya jaman ayeunamah 
rahayatna siga kuring tea meureun kang tantan
loba kahayangna, teu siga baheula balageur da sieun diondang ka kodim
nya eta tea atuh kang, sigana bakalan panjang lalakon ari kudu
minterkeun heula anu milih mah,
sapanjang masih mikiran duit jang roko
teu pira rata rata sapuluh rebu saurang bayaran pasukan demo teh

ari pamikiran sim kuring mah megatkeun cara wae heula, 
ke lamun geus rata rata rahayat ngarti maksud
pilkada langsung tah sok prak mimitian...
ari sistim persis pisan siga baheula deui oge abdi teu hayang ah.

salam
pun njum
( sami weh abdi ge bodo kang ngan loba kahayang keukeukeu...)

--- In [email protected], "tantan hermansah"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Agan, Jum.
> Prihatinan mana, rahayat dititah milih, tapi anu jadi "kacingcalang"
anu teu
> dipilihna; jeung rahayat anu milih sok sanajan anu dipilihna
"kacingcalang".
> 
> Nyerahkeun nagara ka "kacingcalang" memang kalakuan teu uni. Tapi,
mun urang
> nyatujuan calon anu kitu, nya berarti sakitu kualitas urang.
> Aya dialog sae anu kajadian di jaman Ali janten khalifah.
> NUNANYA: "Juragan Khalifah, naha ari Jaman Abu Bakar sarang Umar mah,
> kahirupan nagara teh mani asa nikmat. Teu harengheng jiga jaman ayeuna"
> ALI (bari mesem): "Jaman Abu Bakar jeung Umar, rahayatna siga kuring
(ali).
> Sedengken jaman kuring eyeuna, rahayatna siga anjeun!
> 
> Hartina naon?
> Kualitas pamingpin nunjukkeun kualitas rahayatna.
> Eta cenah rahayat diadu-adukeun? Naha bet daek atuh? Pan Juragan Jum mah
> alim, da ngartos.
> Janten, ceuk kuring, lain sistim Pilkada anu dibalikkeun deui--bari
urang
> siga rido diwadulan ku sabagean jalma di Dewan Perwakilan tea, tapi
rahayat
> anu kudu dididik siga Juragan. Memang ieu butuh ongkos--boh waktu atawa
> duit.
> 
> baktos
> Tantan
> ==anu bodo keneh==
> 
> 
> On Feb 8, 2008 8:08 AM, jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >   Abdi mah ngarasa prihatin
> > rahayat nu teu butuh nanaon dina pulitik
> > di gunakeun tim sukses, di jurung jurung demo,
> > diadu adu sepertos kajadian di maluku tengah, sulawesi selatan
> > komo tingkat bupati mah, aya istilah kagok asong
> > mun eleh der ngaruksak fasilitas umum
> > mitnah anu meunang, cenah pilkada na teu fair jeung sajabana
> > ngabuktikeun tong boro hayang ngadewasakeun rahayat
> > di tingkat pamimpin oge geus teu dewasa ( nya burung tea meureun )
> > persis zaenal maarif pedah diturunkeun ti anggota dewan
> > der mitnah presiden...
> > ah pulitik... lieur..
> > mudah mudahan wae urang sunda mah pinter kabeh
> > teu beunang di hasut jeung dibobodo.
> >
> > sadulur salembur kudu akur
> > pun Njum
> >
> > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
MRachmat
> > Rawyani
> >
> > <mrachmatrawyani@> wrote:
> > >
> > > Upami ningali tina "output"/hasil pilkada dipilih
> > > sacara langsung, leres teu aya bentenna sareng dipilih
> > > ku para anggota DPRD,dimana sababarah kasus daerah anu
> > > dipingpin pupuhu hasil pilkada, teu aya pangaruh
> > > sacara signifikan kana kasejahteraan rahayat.
> > >
> > > Tapi ceuk sakaol mah, saurna ku ayana pilkada teh
> > > ngadewasakeun rahayat dina proses berdemokrasi.
> > >
> > > Sami sapertos dina kasus ngagentos rezim orde baru ka
> > > orde reformasi. Sabada rezim reformasi lumangsung 10
> > > taun, teu katingali tanda-tanda kaayaan langkung sae
> > > batan jaman orde baru. Atuh kacindekan masyarakat
> > > nganilai, mendingan balik deui ka jaman orde baru.
> > > Naha yakin upami balik deui ka jaman orde baru, bakal
> > > tiasa sejahtera?
> > >
> > > Nya anu kedah tanggel waler mah, para pimingpin.
> > > Rahayat mah da mung "sumuhun dawuh".
> > > Tapi saur Ambu Diana mah, rahayat oge kedah gaduh
> > > pamadegan, teu kenging "sumuhun dawuh" wae.
> > > Muhun, idealna mah rahayat dina era reformasi teh
> > > kedah siga kitu.
> > >
> > > baktos,
> > >
> > > mrachmat uidipura
> > > masih keneh janten rahayat "sumuhun dawuh"
> > >
> > >
> > > --- jm_hndsm <jm_hndsm@> wrote:
> > >
> > > > wargi kusnet sadaya,
> > > > utamina anu gaduh pengaruh di birokrasi
> > > > sareng anu dipercanten janten wakil rakyat,
> > > > abdi bade ngadugikeun usul supados pilkada tingkat
> > > > bupati, walikota,
> > > > jeung gubernur di uihkeun deui heula sepertos
> > > > kapungkur,
> > > > janten milih kepala daerah cekap ribut di gedung
> > > > dewan bae,
> > > >
> > > > da geuning pangalaman kalah jadi pasea dulur jeung
> > > > dulur lantaran
> > > > hasutan provokasi...
> > > >
> > > > keun bae lah dewan rek milih anu kacingcalang oge
> > > > da buktina make sistim milih langsung oge angger wae
> > > > nu menang teh
> > > > jelma burung ngan beda na loba duit wungkul bari
> > > > jeung teuing timana
> > > > eta duit teh boa boa duit titipan pamarentah jang
> > > > rahayat anu dikorupsi...
> > > >
> > > > cag ah.
> > > >
> > > > pun njum
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > __________________________________________________________
> > > Looking for last minute shopping deals?
> > > Find them fast with Yahoo! Search.
> > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
> > >
> >
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
> 
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>


Kirim email ke