biasana mun nuju PILKADA emang diperyogikeun dana anu ageung...
tiap calon (hampir sami sareng "nyalon kuwu/kades di kampung") pasti aya tim 
penyandang dana-na...
tah biasana para makelar proyek, PEDAGANG (boh nu WNI atawa nu WNA), 
bandar-bandar (bandar, hayam, bandar bangkong, oge bandar judi teu katinggaleun 
jaradi panyandang dana ieu... maranehna haget nyaketan tiap calon nu 
kira-kirana bakal meunang...
tah mun enya menang, tinggal nyiapkeun we proposal proyek bisnis nu waragadna 
ti APBD/APBN/Kas Rahayat, pasti si pedagang teh balik modal hehehe...

mun masih dipilih zaman DPR/DPRD, rada gampang, saha nu kukumpul dana-na paling 
seueur, nya tangtos eta nu meunang...
tapi mun zaman dipilih langsung rahayat, rada hese, modal tos kaluar loba, ari 
pek hasilna nyamos...
naha bisa kitu ?! da kitu tea kadang-kadang rahayat loba mah hese dikontrolna, 
ari duit ditarima pilihan kadang2 lain, ngontrolna heseeee... ari ngontrol 
kumpulan wakil di DPR mah leuwih gampang....



^_^
ari gantina modal "nyalon" kuwu/kades timana nya ?!


  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: pilkada langsung


  Urang tambihan ngarah rame.
  Sasih kamari kuring pendak sareng hji nonoman, anu
  damel di salahs ahiji lembaga survei sakaligus oge tim
  sukses salah sahiji calon bupati tangerang.

  Ceuk mmanehna teh, cenah pausahaan tempat dimana
  manehna didamel, dina ngajukeun proposal ka calon
  bupati Tangerang, waragad keur pilkada teh dietang Rp
  500.000/jalmi. 

  Ayeuna sa Provinsi Jawa Barat aya sabaraha juta,
  kalikeun Rp 500.000. Jadi upama hiji calon gupernur
  ngaluarkeun dana Rp 60 milyar mah, teu sabaraha.

  baktos,

  mrachmatrawyani
  . 
   

Kirim email ke