Potongan tina naskah Bujangg Manik:
 
Anaking, haja lancanan,
karunya ku na tohaan.
Sugan sia hamo nyaho,
tohaan geulis warangan,
 
Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh 
démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap ”aing” jeung ”sia”, anu asli 
Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap ”kaula” 
jeung ”sampéan”, kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana 
tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
 
Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa 
Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya 
dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké 
basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua 
pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan.
 
Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra 
UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap ”aing” jeung ”sia” 
karasana kasar pisan.
 
Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung 
sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
 
Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga 
mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.

Aschev


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke