Mun urang talaten muka-muka sunda buhun terus akrab deui kana basa nu biasa 
dipake nya kahareup urang sunda, kisunda, sundanese moal teuing masalahkeun 
undak usuk basa. Hiji deui eta mun maca uga siliwangi nu katangkep teh gagah 
tah nu nyarita.

Sakitu pamendak sim kuring.
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, February 14, 2008 12:30:48 AM
Subject: [Urang Sunda] aing jeung sia

Potongan tina naskah Bujangg Manik:
 
Anaking, haja lancanan,
karunya ku na tohaan.
Sugan sia hamo nyaho,
tohaan geulis warangan,
 
Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh 
démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap ”aing” jeung ”sia”, anu asli 
Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap ”kaula” 
jeung ”sampéan”, kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana 
tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
 
Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa 
Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya 
dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké 
basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua 
pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan.
 
Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra 
UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap ”aing” jeung ”sia” 
karasana kasar pisan.
 
Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung 
sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
 
Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga 
mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.

Aschev



Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke