Amrik oge gegedug demokratis..kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak unduk
basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr.
President, Her Majesty.........

On 2/14/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     Potongan tina naskah Bujangg Manik:
>
>
>
> Anak*ing*, haja lancanan,
>
> karunya ku na tohaan.
>
> Sugan *sia* hamo nyaho,
>
> tohaan geulis warangan,
>
>
>
> Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh
> démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu
> asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap
> "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun
> kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
>
>
>
> Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk
> basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana
> UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu
> terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa
> kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha
> anu disanghareupan.
>
>
>
> Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu
> kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung
> "sia" karasana kasar pisan.
>
>
>
> Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing
> jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
>
>
>
> Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui
> jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.
>
> Aschev
>
> ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
> 
>

Kirim email ke