asal ulah aing jadi aing-aing-aing jiga anjing weee :), hahahaa -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of Aschev Schuraschev Sent: Thursday, February 14, 2008 3:31 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] aing jeung sia
Potongan tina naskah Bujangg Manik: Anaking, haja lancanan, karunya ku na tohaan. Sugan sia hamo nyaho, tohaan geulis warangan, Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap aing jeung sia, anu asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap kaula jeung sampéan, kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis. Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan. Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap aing jeung sia karasana kasar pisan. Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé. Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab. Aschev _____ Never miss a thing. Make Yahoo <http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> your homepage. IMPORTANT NOTICE: The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any virus or other defect that might affect any computer system into which it is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

