Jelas atuh aya dua kutub kulantaran anu dibaledogkeun teh....kata koncina eta demokratis...nyaeta nuansa pulitis anu parantos diklaim "teu kedah" undak unduk basa. Fakta dina domain pulitis henteu kajadian..conto Amrik sareng Inggris tea..dina budaya oge teu kajadian oge..komo didunya business mah. Teu acan oge ngadangu di Indo anu ngadep Presiden ngomong make basa anu teu make undak unduk (sebut wae domain pulits atawa domain budaya)..
Moal aya komentar lamun teu nyebat kecap demokratis. UUBS anu dipadungdengkeun teh sigana mah parantos nyampurkeun domain pulitik (nyebat2 demokrasi) sareng domain budaya. lamun ditarik ka KUSNET..aya patarosan ari KUSNET teh domain pulitik atanapi domain budaya. Tina sababaraha komentar parantos tetela yen urang teh parantos nyampurkeeun dua domain anu benten...jadi MEMANG teu nyambung ! On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Samemeh mere komentar, cing jelaskeun naon anu dimaksud undak-usuk > basa ku aki Surtiwa teh? Naha sarua jeung anu dimaksud ku kuring? Ulah asal > ngong. Samakan persepsi dulu ceuk basa Indonesia mah. Lamun persepsina teu > sarua moal nyambung-nyambung gunem caturna. > > > > > ----- Original Message ---- > From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Monday, February 18, 2008 9:17:47 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia > > Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak > unduk basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan > gaul...Mr. President, Her Majesty..... .... > > On 2/14/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL PROTECTED]>> > wrote: > > > > Potongan tina naskah Bujangg Manik: > > > > > > > > Anak*ing*, haja lancanan, > > > > karunya ku na tohaan. > > > > Sugan *sia* hamo nyaho, > > > > tohaan geulis warangan, > > > > > > > > Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh > > démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu > > asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap > > "kaula" jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun > > kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis. > > > > > > > > Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara > > undak-usuk basa Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu > > kontra kana UUBS, aya dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana > > UUBS: anu terus-terusan maké basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan > > maké basa kasar ka saha waé. Dua pihak ieu démokratis, henteu > > ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan. > > > > > > > > Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu > > kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung > > "sia" karasana kasar pisan. > > > > > > > > Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap > > aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé. > > > > > > > > Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui > > jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab. > > > > Aschev > > > > ------------------------------ > > Never miss a thing. Make Yahoo your > > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > > > > > > > ------------------------------ > Never miss a thing. Make Yahoo your > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > >

