Numawi, di urang mah sok sanajan ayeuna aya tren di
damel teh mending di sektor privat (swasta), tapi da
tetep wae, damel di instansi anu ngatur sektor publik
(pagawe pamarentah), masih seueur diminati, sok
sanajan gajihna saeutik (upami dibandingkeun di
swasta), tapi anu dipiharep teh panghasilan "ti sisi
ti gigir". Komo deui pami gaduh kalungguhan jabatan
strutural eselon mah, atuh langkung 'raos' deui.
Eta perkawis plat beureum dihideungkeun teh, sanes
kecap anu dipasihan tanda kutip.
Baheula (jaman orde baru) kuring keur caket jeung
sekpri salah sahiji menteri, ningali plat mobil
menteri teh aya dua. Hiji plat beureum, hiji deui plat
hideung. "dipake lamun keur sidak atawa ngarah teu
kanyahoan ku wartawan," kitu cenah alesan ceuk sekpri
teh.
Na jero hate kuring ngagerentes "kumaha lamun plat
hideungna dipake keur mamawa awewe anu lain muhrim?".

baktos,

mrachmat uidipura
Baheula kungsi nyobaan ford avenger plat beureum


--- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang MR..mun dipikir jero pisan...tungtungna di Indo
> mah seueur Kadal..tina
> paraturan naon wae meunang kasempetan jeung
> artos......
> 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke