Asa isin oge. Kuring ge anyar keneh jadi guru mahasiswa. Sabaraha gajihna?
Hehe....nya tangtu dihandapeun Aki Tatang. Sok sanajan di Jkt, da kuring mah
institusina Departemen Agama. Benten tunjangan jeung Dep Pendidikan.
Jeung deui, kuring mah teu ngajar di tempat lain. Tapi gawe di tempat
sanes...Matak tiasa internetan...

Baktos
Tantan

On 2/19/08, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ah ari ayi, puguh wae atuh ari aya jabatan mah komo dekan ditambihan ku
> ngulayab deuih, bet ktu di fakultas wae teu kirang ti 3 jute, padahal mung
> S1, eta teh gara2 Gus Dur harita, hanjelu ku Megawati teu diteraskeun dugi
> ka para dosen, boro boro da puguh malah jadi tukang jual jaar BUMN pulo wae
> leupas. Ayeun jaman SBY oge pilih kasih, sami sami instansi pamarentah, tapi
> dikbud can keneh wae, bade iraha atuh??? Matak naon sareng naekna teh tapi
> sakedik sakedik nerekel sasarengan disasuaikeun kamampuan nagara. Pamohalan
> aya kacemburuan sosial sigah ayeuna?. Diulem seminar? bujeng2 dibayar mangga
> di dikti.org aya seminar/international conference malah mayar awis hotelna
> wae 600rb sawengi. Mung tangtos aya anu sakumaha dongeng ayi, sukur lah
> nasibna sae.
>
> *MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> aya rerencangan anu ngadongeng pangalamanana. Ceuk
> inyana teh, jadi dosen nembe "nyeunghap", sabada
> janten doktor. Utamina mah di Jakarta, upami diondang
> janten "narasumber" dina hiji acara seminar, tos aya
> standarna sakitu jeti sakali janten pembicara salami
> dua jam. Upami sasasih aya diondang seminar 4 kali,
> atuh tos tiasa nutupan, gaji PNS golongan IVb. Komo
> deui upami tos janten guru besar, sok kapeto janten
> konsultan ahli di sababaraha tempat, tos langkung ti
> cekap.Ceuk batur sa pra-jabatan anu ayeuna janten
> salah sawios dekan di UI, masihan ancer-ancer,
> "panghasilan" sasasih saurang Guru besar (PT BHMN),
> nembe dianggap "layak" nyaeta 20 jeti. Supados para
> hakim sareng jaksa soson-soson didamelna, kedah digaji
> sakitu.
>
> Senen kamari kuring ngobrol sareng salah sawios Guru
> besar anu janten tim ahli ngarumuskeun RUU Pendidikan.
> Hiji waktos ngobrol sareng mendiknas. Aya rencana
> pamarentah bade naekkeun panghasilan guru sareng
> dosen. Tapi sacara terang-terangan, pimpinan PGRI
> heunteu satuju kana kanaekan eta.Eta guru besar dugi
> ka gogodeg, teu ngartos "jalan pikiran" urang PGRI.
> Ieu teh leres kajantenan. Nu matak wapres Jarwo Kwat
> ti republik BBM, sok ngucapkeun "Aya-aya wae."
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
> teu weleh ngantosan "si Euis",kanaekan gaji PNS
>
> --- Tatang Sariman wrote:
>
> > Upami disebat padamel negeri saleresna can sadayana,
> > margi dosen anu pns di luar jawa, gol 3C pangalaman
> > (01/03/85 dugi kaayeuna ) -+23 th, Dr. gajihna 2,3
> > jt. Kaayaan kitu maksa dosen dosen Univ negeri eta
> > ngoloyor milarian tambahan supaya survive dapur
> > tiasa ngebul, komo upami murangkalihna tos aya anu
> > di paguron luhur, sanaos pinter oge teu janten
> > jaminan tiasa majeng pendidikan marurangkalihna.
> > Kaayaan kieu oge tiasa janten pendidikan teh mung
> > tiasa kabedag mung ku anu kantongna kandel wungkul.
> > Leres2 pesimis upami teu enggal diperhatoskeun,
> > margi teu sadayana dosen tiasa kenging kasempetan
> > (janten dosen biasa di luar), margi saingan
> > diantawis dosen dosen oge lumayan panas. Kilangbara
> > dosen teh tiasa berkarya dina panalungtikan sareng
> > pengabdian masyarakat, ngemutan sareng milampah
> > milari tambahan pendapatan oge meni pahibut papuket
> > saban dinten, malih dinten saptu sareng ahad oge teu
> > tiasa pisan istirahat. Kitu anu saleresna kaalaman.
> > Mung sigahna wae maha guru, anu
> > puguh mah leres anu disebat dina nyayian
> > "umarbakri". Teu sakedik dosen dosen anu ngaraos
> > minder di kampus, margi mhs na oge ningali dosen
> > umarbakri kitu kadang "mencibir", sedih mun ditaros
> > ku mhs no HP bapa sabaraha? atanapi web site bapa
> > naon? Beu ceuk hate, lain teu ngarti jeung teu bisa
> > da, tapi teu kabedag ngiridit laptop atawa HP.
> > Baktos aki tams sang dosen "umarbakri".
>
>
>
>
> ____________________________________________________________________________________
> Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> http://www.yahoo.com/r/hs
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
> ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke