aya rerencangan anu ngadongeng pangalamanana. Ceuk
inyana teh, jadi dosen nembe "nyeunghap", sabada
janten doktor. Utamina mah di Jakarta, upami diondang
janten "narasumber" dina hiji acara seminar, tos aya
standarna sakitu jeti sakali janten pembicara salami
dua jam. Upami sasasih aya diondang seminar 4 kali,
atuh tos tiasa nutupan, gaji PNS golongan IVb. Komo
deui upami tos janten guru besar, sok kapeto janten
konsultan ahli di sababaraha tempat, tos langkung ti
cekap.Ceuk batur sa pra-jabatan anu ayeuna janten
salah sawios dekan di UI, masihan ancer-ancer,
"panghasilan" sasasih saurang Guru besar (PT BHMN),
nembe dianggap "layak" nyaeta 20 jeti. Supados para
hakim sareng jaksa soson-soson didamelna, kedah digaji
sakitu.

Senen kamari kuring ngobrol sareng salah sawios Guru
besar anu janten tim ahli ngarumuskeun RUU Pendidikan.
Hiji waktos ngobrol sareng mendiknas. Aya rencana
pamarentah bade naekkeun panghasilan guru sareng
dosen. Tapi sacara terang-terangan, pimpinan PGRI
heunteu satuju kana kanaekan eta.Eta guru besar dugi
ka gogodeg, teu ngartos "jalan pikiran" urang PGRI.
Ieu teh leres kajantenan. Nu matak wapres Jarwo Kwat
ti republik BBM, sok ngucapkeun "Aya-aya wae."

baktos,

mrachmat uidipura
teu weleh ngantosan "si Euis",kanaekan gaji PNS

--- Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Upami disebat padamel negeri saleresna can sadayana,
> margi dosen anu pns di luar jawa, gol 3C pangalaman
> (01/03/85 dugi kaayeuna ) -+23 th, Dr. gajihna 2,3
> jt. Kaayaan kitu maksa dosen dosen Univ negeri eta
> ngoloyor milarian tambahan supaya survive dapur
> tiasa ngebul, komo upami murangkalihna tos aya anu
> di paguron luhur, sanaos pinter oge teu janten
> jaminan tiasa majeng pendidikan marurangkalihna.
> Kaayaan kieu oge tiasa janten pendidikan teh mung
> tiasa kabedag mung ku anu kantongna kandel wungkul.
> Leres2 pesimis upami teu enggal diperhatoskeun,
> margi teu sadayana dosen tiasa kenging kasempetan
> (janten dosen biasa di luar), margi saingan
> diantawis dosen dosen oge lumayan panas. Kilangbara
> dosen teh tiasa berkarya dina panalungtikan sareng
> pengabdian masyarakat, ngemutan sareng milampah
> milari tambahan pendapatan oge meni pahibut papuket
> saban dinten, malih dinten saptu sareng ahad oge teu
> tiasa pisan istirahat. Kitu anu saleresna kaalaman.
> Mung sigahna wae maha guru, anu
>  puguh mah leres anu disebat dina nyayian
> "umarbakri". Teu sakedik dosen dosen anu ngaraos
> minder di kampus, margi mhs na oge ningali dosen
> umarbakri kitu kadang "mencibir", sedih mun ditaros
> ku mhs no HP bapa sabaraha? atanapi web site bapa
> naon? Beu ceuk hate, lain teu ngarti jeung teu bisa
> da, tapi teu kabedag ngiridit laptop atawa HP.
> Baktos aki tams sang dosen "umarbakri". 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke