Ayeuna pegawai nagri gajihna langkung luhur, polisi anu bintara nembe lebeut gajina 2 juta (sumber detik.com). gajih peg pajak depkeu gol 3C (10 thn, s1) gajihna 9 juta. Swasta anu gaji 6 juta kaluhur mung manager. anu buruh ti 760 rebu (gumantung wilayah).. supervisor 900 rebu. Jadi wacana peg. negri ayeuna mlarat teu aya deui. anu mlarat di lingkungan pemda atawa departemen mung tenaga honorer.
-----Original Message----- From: MRachmat Rawyani Numawi, di urang mah sok sanajan ayeuna aya tren di damel teh mending di sektor privat (swasta), tapi da tetep wae, damel di instansi anu ngatur sektor publik (pagawe pamarentah), masih seueur diminati, sok sanajan gajihna saeutik (upami dibandingkeun di swasta), tapi anu dipiharep teh panghasilan "ti sisi ti gigir". Komo deui pami gaduh kalungguhan jabatan strutural eselon mah, atuh langkung 'raos' deui. Eta perkawis plat beureum dihideungkeun teh, sanes kecap anu dipasihan tanda kutip. Baheula (jaman orde baru) kuring keur caket jeung sekpri salah sahiji menteri, ningali plat mobil menteri teh aya dua. Hiji plat beureum, hiji deui plat hideung. "dipake lamun keur sidak atawa ngarah teu kanyahoan ku wartawan," kitu cenah alesan ceuk sekpri teh. Na jero hate kuring ngagerentes "kumaha lamun plat hideungna dipake keur mamawa awewe anu lain muhrim?".

