Upami disebat padamel negeri saleresna can sadayana, margi dosen anu pns di 
luar jawa, gol 3C pangalaman (01/03/85 dugi kaayeuna ) -+23 th, Dr. gajihna 2,3 
jt. Kaayaan kitu maksa dosen dosen Univ negeri eta ngoloyor milarian tambahan 
supaya survive dapur tiasa ngebul, komo upami murangkalihna tos aya anu di 
paguron luhur, sanaos pinter oge teu janten jaminan tiasa majeng pendidikan 
marurangkalihna. Kaayaan kieu oge tiasa janten pendidikan teh mung tiasa 
kabedag mung ku anu kantongna kandel wungkul. Leres2 pesimis upami teu enggal 
diperhatoskeun, margi teu sadayana dosen tiasa kenging kasempetan (janten dosen 
biasa di luar), margi saingan diantawis dosen dosen oge lumayan panas. 
Kilangbara dosen teh tiasa berkarya dina panalungtikan sareng pengabdian 
masyarakat, ngemutan sareng milampah milari tambahan pendapatan oge meni 
pahibut papuket saban dinten, malih dinten saptu sareng ahad oge teu tiasa 
pisan istirahat. Kitu anu saleresna kaalaman. Mung sigahna wae maha guru, anu
 puguh mah leres anu disebat dina nyayian "umarbakri". Teu sakedik dosen dosen 
anu ngaraos minder di kampus, margi mhs na oge ningali dosen umarbakri kitu 
kadang "mencibir", sedih mun ditaros ku mhs no HP bapa sabaraha? atanapi web 
site bapa naon? Beu ceuk hate, lain teu ngarti jeung teu bisa da, tapi teu 
kabedag ngiridit laptop atawa HP. Baktos aki tams sang dosen "umarbakri". 

"Dirgahayu, Rachman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  Ayeuna pegawai nagri gajihna 
langkung luhur, polisi anu bintara
nembe lebeut gajina 2 juta (sumber detik.com).
gajih peg pajak depkeu gol 3C (10 thn, s1) gajihna 9 juta.
Swasta anu gaji 6 juta kaluhur mung manager.
anu buruh ti 760 rebu (gumantung wilayah).. supervisor 900 rebu.
Jadi wacana peg. negri ayeuna mlarat teu aya deui.
anu mlarat di lingkungan pemda atawa departemen mung tenaga honorer.



-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani


Numawi, di urang mah sok sanajan ayeuna aya tren di
damel teh mending di sektor privat (swasta), tapi da
tetep wae, damel di instansi anu ngatur sektor publik
(pagawe pamarentah), masih seueur diminati, sok
sanajan gajihna saeutik (upami dibandingkeun di
swasta), tapi anu dipiharep teh panghasilan "ti sisi
ti gigir". Komo deui pami gaduh kalungguhan jabatan
strutural eselon mah, atuh langkung 'raos' deui.
Eta perkawis plat beureum dihideungkeun teh, sanes
kecap anu dipasihan tanda kutip.
Baheula (jaman orde baru) kuring keur caket jeung
sekpri salah sahiji menteri, ningali plat mobil
menteri teh aya dua. Hiji plat beureum, hiji deui plat
hideung. "dipake lamun keur sidak atawa ngarah teu
kanyahoan ku wartawan," kitu cenah alesan ceuk sekpri
teh.
Na jero hate kuring ngagerentes "kumaha lamun plat
hideungna dipake keur mamawa awewe anu lain muhrim?".


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke