Aya kararagok eta na Indosiar ceu/teh Hetty bet ngaBundakeun maneh. Lah na da
asa pantes keneh nga aceu atawa ngatetehkeun.
Eh urang ngadongeng sakedik nya. Kamari dahar di Warung Daun - caket Santa/ STM
Penerbangan nu ngetop sangu liwet na kastrol ("nasi uduk"?) dipurulukan teri
medan nu laleutik. Gek diuk luak lieuk ke...ke...asa di restoran Tiga Nyonya
atawa Ny. Suharti da eta interiorna teh mani nJawani pisan....beda jeung Dapur
Sunda atawa Saung Kuring. Salila didinya eta pelayan geus puguh kuring make
basa sunda terus we ngajawab atawa nanya teh make mamalayuan... Terus diakalan
nya tungtungna kuring make basa lemes babawaan baheula pan nepi ka SMP diajar
UUBS tea. Lian make UUBS nu pangluhurna make gaya memenakan deuih nu jaga jarak
jeung wiwaha tea......eeeh edun euy manehna jadi make basa sunda, nyopan deuih
nangtung ge make rada ngabungkuk......Basa balik da panto ge dibukakeun bari:
nuhun den "jalak", uuuiiihhhh jadi aden euy. Tapi sabenerna gaya menak teh
mahal euy da pas mayar teu langsung ka kasir tapi menta "bill"na....nya jadi we
kudu mere "tips" nu pantes
keur ukuran menak he...he..... Tuluy parkir ge jadi mayar (aslina mah haratis)
nya eta kulantaran panto mobil dibukakeun bari rada ngabungkuk deui wae, mobil
di jalan disetop da mobil rek kaluar ti buruan....
Geus diimah kapikiran kajadian tadi aya hayang seuri pedah tadi maen sinetron,
tapi sabenerna nu di warung ge boa-boa acting meureun nya nyerpis menak. Bari
gogolehean terus diilik-ilik setruk teh (da mahal geuning dahar di dinya mah)
na eta mah dihandap teh aya motto Warung Daun "Serasa makan di rumah Bunda"
Beu....
Makarya Mawa Raharja
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping