Leres Kang Dud...tapi meureun ekolna...emam di Indung batur !.....
On 2/20/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari hartina bunda teh ambu atawa indung lain ?
>
> Mun kitu mah bohong tah Warung Daun teh.
> Ulah didatangan deui.
>
> Sakanyaho kuring mah, lamun dahar di imah indung kuring sorangan can
> pernah kudu mayar.
> Haratis we.
>
> Jadi dimana benerna tah " serasa makan di rumah bunda teh "
> Ku karasa mah pan waktu ngaluarkeun duitna lain ?
>
> *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> Leres Kang ..urang umumna sok eleh ku gaya tatakrama business..teu sadar
> ari dikitukeun beukah pangambung...hampang leumpang kana mobil...tah engke
> sapertos saur akang..dugi kabumi...kotektak eta bon..tea..Walah geuning
> awis...emam didinya teh...
>
> On 2/20/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Aya kararagok eta na Indosiar ceu/teh Hetty bet ngaBundakeun maneh.
> > Lah na da asa pantes keneh nga aceu atawa ngatetehkeun.
> >
> > Eh urang ngadongeng sakedik nya. Kamari dahar di Warung Daun - caket
> > Santa/ STM Penerbangan nu ngetop sangu liwet na kastrol ("nasi uduk"?)
> > dipurulukan teri medan nu laleutik. Gek diuk luak lieuk ke...ke...asa di
> > restoran Tiga Nyonya atawa Ny. Suharti da eta interiorna teh mani nJawani
> > pisan....beda jeung Dapur Sunda atawa Saung Kuring. Salila didinya eta
> > pelayan geus puguh kuring make basa sunda terus we ngajawab atawa nanya teh
> > make mamalayuan... Terus diakalan nya tungtungna kuring make basa lemes
> > babawaan baheula pan nepi ka SMP diajar UUBS tea. Lian make UUBS nu
> > pangluhurna make gaya memenakan deuih nu jaga jarak jeung wiwaha
> > tea......eeeh edun euy manehna jadi make basa sunda, nyopan deuih nangtung
> > ge make rada ngabungkuk......Basa balik da panto ge dibukakeun bari: nuhun
> > den "jalak", uuuiiihhhh jadi aden euy. Tapi sabenerna gaya menak teh mahal
> > euy da pas mayar teu langsung ka kasir tapi menta "bill"na....nya jadi we
> > kudu mere "tips" nu pantes keur ukuran menak he...he..... Tuluy parkir ge
> > jadi mayar (aslina mah haratis) nya eta kulantaran panto mobil dibukakeun
> > bari rada ngabungkuk deui wae, mobil di jalan disetop da mobil rek kaluar ti
> > buruan....
> >
> > Geus diimah kapikiran kajadian tadi aya hayang seuri pedah tadi maen
> > sinetron, tapi sabenerna nu di warung ge boa-boa acting meureun nya nyerpis
> > menak. Bari gogolehean terus diilik-ilik setruk teh (da mahal geuning dahar
> > di dinya mah) na eta mah dihandap teh aya motto Warung Daun "Serasa makan di
> > rumah Bunda"
> > Beu....
> >
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >
> >
> >
> > ------------------------------
> > Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try
> > it
> > now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
> >
>
>
> ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
>
>