Di Jakarta mah hirup bisa jauh ka hurip. Dinten senen kamari  check up ka RS 
Jantung Harapan Kita, eh da sami geuning aya jalur menak (eksekutif) aya jalur 
cacah. Cobi kadinya kang nalangsa lah ningalina, sabenerna urusan jantung mah 
pan urgent, tapi bisa nya urang sorangan nerapkeun kakastaan kitu. Nu teu boga 
kasta mah nya panginten ka RS ge teu wantun....nungguan hos na we panginten. 
Emut deui ngeunaan warta awal taun yen 400 puskesmas di Jabar teu berfungsi 
sabab teu aya dokterna.....

Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, February 19, 2008 6:50:56 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Menak panggih jeung Bunda

Leres Kang ..urang umumna sok eleh ku gaya tatakrama business..teu sadar ari 
dikitukeun beukah pangambung.. .hampang leumpang kana mobil...tah engke 
sapertos saur akang..dugi kabumi...kotektak eta bon..tea..Walah geuning 
awis...emam didinya teh...


On 2/20/08, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: 
Aya kararagok eta na Indosiar ceu/teh Hetty bet ngaBundakeun maneh. Lah na da 
asa pantes keneh nga aceu atawa ngatetehkeun.
 
Eh urang ngadongeng sakedik nya. Kamari dahar di Warung Daun - caket Santa/ STM 
Penerbangan nu ngetop sangu liwet na kastrol ("nasi uduk"?) dipurulukan teri 
medan nu laleutik. Gek diuk luak lieuk ke...ke...asa di restoran Tiga Nyonya 
atawa Ny. Suharti da eta interiorna teh mani nJawani pisan....beda jeung Dapur 
Sunda atawa Saung Kuring. Salila didinya eta pelayan geus puguh kuring make 
basa sunda terus we ngajawab atawa nanya teh make mamalayuan.. . Terus diakalan 
nya tungtungna kuring make basa lemes babawaan baheula pan nepi ka SMP diajar 
UUBS tea. Lian make UUBS nu pangluhurna make gaya memenakan deuih nu jaga jarak 
jeung wiwaha tea......eeeh edun euy manehna jadi make basa sunda, nyopan deuih 
nangtung ge make rada ngabungkuk.. ....Basa balik da panto ge dibukakeun bari: 
nuhun den "jalak", uuuiiihhhh jadi aden euy. Tapi sabenerna gaya menak teh 
mahal euy da pas mayar teu langsung ka kasir tapi menta "bill"na....nya jadi we 
kudu mere "tips" nu pantes
 keur ukuran menak he...he..... Tuluy parkir ge jadi mayar (aslina mah haratis) 
nya eta kulantaran panto mobil dibukakeun bari rada ngabungkuk deui wae, mobil 
di jalan disetop da mobil rek kaluar ti buruan....
 
Geus diimah kapikiran kajadian tadi aya hayang seuri pedah tadi maen sinetron, 
tapi sabenerna nu di warung ge boa-boa acting meureun nya nyerpis menak. Bari 
gogolehean terus diilik-ilik setruk teh (da mahal geuning dahar di dinya mah) 
na eta mah dihandap teh aya motto Warung Daun "Serasa makan di rumah Bunda" 
Beu....

 
Makarya Mawa Raharja

 



Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. 





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke