Ari hartina bunda teh ambu atawa indung lain ?
   
  Mun kitu mah bohong tah  Warung Daun teh.
  Ulah didatangan deui.
   
  Sakanyaho kuring mah, lamun dahar di imah indung kuring sorangan  can pernah  
kudu mayar.
  Haratis we.
   
  Jadi   dimana  benerna tah " serasa  makan di rumah bunda teh "
  Ku karasa mah pan   waktu ngaluarkeun duitna lain ?

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Leres Kang ..urang umumna sok eleh ku gaya tatakrama business..teu 
sadar ari dikitukeun beukah pangambung...hampang leumpang kana mobil...tah 
engke sapertos saur akang..dugi kabumi...kotektak eta bon..tea..Walah geuning 
awis...emam didinya teh...

  On 2/20/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                 
  Aya kararagok eta na Indosiar ceu/teh Hetty bet ngaBundakeun maneh. Lah na da 
asa pantes keneh nga aceu atawa ngatetehkeun.
   
  Eh urang ngadongeng sakedik nya. Kamari dahar di Warung Daun - caket Santa/ 
STM Penerbangan nu ngetop sangu liwet na kastrol ("nasi uduk"?) dipurulukan 
teri medan nu laleutik. Gek diuk luak lieuk ke...ke...asa di restoran Tiga 
Nyonya atawa Ny. Suharti da eta interiorna teh mani nJawani pisan....beda jeung 
Dapur Sunda atawa Saung Kuring. Salila didinya eta pelayan geus puguh kuring 
make basa sunda terus we ngajawab atawa nanya teh make mamalayuan... Terus 
diakalan nya tungtungna kuring make basa lemes babawaan baheula pan nepi ka SMP 
diajar UUBS tea. Lian make UUBS nu pangluhurna make gaya memenakan deuih nu 
jaga jarak jeung wiwaha tea......eeeh edun euy manehna jadi make basa sunda, 
nyopan deuih nangtung ge make rada ngabungkuk......Basa balik da panto ge 
dibukakeun bari: nuhun den "jalak", uuuiiihhhh jadi aden euy. Tapi sabenerna 
gaya menak teh mahal euy da pas mayar teu langsung ka kasir tapi menta 
"bill"na....nya jadi we kudu mere "tips" nu pantes keur ukuran menak
 he...he..... Tuluy parkir ge jadi mayar (aslina mah haratis) nya eta 
kulantaran panto mobil dibukakeun bari rada ngabungkuk deui wae, mobil di jalan 
disetop da mobil rek kaluar ti buruan....
   
  Geus diimah kapikiran kajadian tadi aya hayang seuri pedah tadi maen 
sinetron, tapi sabenerna nu di warung ge boa-boa acting meureun nya nyerpis 
menak. Bari gogolehean terus diilik-ilik setruk teh (da mahal geuning dahar di 
dinya mah) na eta mah dihandap teh aya motto Warung Daun "Serasa makan di rumah 
Bunda" 
  Beu....
  
 
  Makarya Mawa Raharja
  
 


  
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.   
  






  

                         

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke