Leres Kang ..urang umumna sok eleh ku gaya tatakrama business..teu sadar ari
dikitukeun beukah pangambung...hampang leumpang kana mobil...tah engke
sapertos saur akang..dugi kabumi...kotektak eta bon..tea..Walah geuning
awis...emam didinya teh...

On 2/20/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>     Aya kararagok eta na Indosiar ceu/teh Hetty bet ngaBundakeun maneh.
> Lah na da asa pantes keneh nga aceu atawa ngatetehkeun.
>
> Eh urang ngadongeng sakedik nya. Kamari dahar di Warung Daun - caket
> Santa/ STM Penerbangan nu ngetop sangu liwet na kastrol ("nasi uduk"?)
> dipurulukan teri medan nu laleutik. Gek diuk luak lieuk ke...ke...asa di
> restoran Tiga Nyonya atawa Ny. Suharti da eta interiorna teh mani nJawani
> pisan....beda jeung Dapur Sunda atawa Saung Kuring. Salila didinya eta
> pelayan geus puguh kuring make basa sunda terus we ngajawab atawa nanya teh
> make mamalayuan... Terus diakalan nya tungtungna kuring make basa lemes
> babawaan baheula pan nepi ka SMP diajar UUBS tea. Lian make UUBS nu
> pangluhurna make gaya memenakan deuih nu jaga jarak jeung wiwaha
> tea......eeeh edun euy manehna jadi make basa sunda, nyopan deuih nangtung
> ge make rada ngabungkuk......Basa balik da panto ge dibukakeun bari: nuhun
> den "jalak", uuuiiihhhh jadi aden euy. Tapi sabenerna gaya menak teh mahal
> euy da pas mayar teu langsung ka kasir tapi menta "bill"na....nya jadi we
> kudu mere "tips" nu pantes keur ukuran menak he...he..... Tuluy parkir ge
> jadi mayar (aslina mah haratis) nya eta kulantaran panto mobil dibukakeun
> bari rada ngabungkuk deui wae, mobil di jalan disetop da mobil rek kaluar ti
> buruan....
>
> Geus diimah kapikiran kajadian tadi aya hayang seuri pedah tadi maen
> sinetron, tapi sabenerna nu di warung ge boa-boa acting meureun nya nyerpis
> menak. Bari gogolehean terus diilik-ilik setruk teh (da mahal geuning dahar
> di dinya mah) na eta mah dihandap teh aya motto Warung Daun "Serasa makan di
> rumah Bunda"
> Beu....
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ>
>
> 
>

Kirim email ke