Haarrr*ari Mang Bona * tuda nyebat ka abdi Rongrong*pan dina majalah Bobo ge 
Rongrong mah cs na Bona*heheh.
Nya tangtos tos nyobian mah atuh, matak nyebat raos oge*
 
Sok ras emut waktos di lembur keneh, pun biang remen nyeupan kayaning hui 
boled, sampeu, jagong, cau, boros, srrd kanggo capekrahem. Sakapeung sok aya nu 
ngintun boh titatanggi atanapi padamel pun biang, malahmah sok ngahaja meser 
gatot. Tadinamah ningalna ge ni gila da hideung, jaba saurnamah matak weureu 
deuih*tapi tos diseupan dipurulukan uyah, raos kacida*liat, kenyil-kenyil, 
matak deudeuieun.
 
Dina hiji boboran, bakating ku leneng nuang nu aya santenan wungkul (enek), pun 
biang nyeupan gatot. Nuju raos-raos emam gatot sakulawarga, eh aya tamu 
munjungan. Enjingna pun biang ngadangu wartos ngeunaan kulawarga abdi,"Karunya 
teu boga beas keur sangueun merureun*" hihihihi*
 
Waas pasmi ngadangu sale. Pun eyang (alm) sok remen nyale, pami lebet ka bumi 
teh*sugan mah seungit we ku sale heheh. Teu sale bae, asem ge sok pirajeunan 
dipesekan, dipoe teras digulaan, dipajangkeun dina keler. Ari nuju hoyong nu 
haseum2 kantun ditinyuh kucipanas, digula kawungan, tiiskeun * mmmmm*janten 
sirop gula asem. Pami nuju M, kantun tambihan ku koneng, lumayan lancar heheh.
 
Hish, Kang Ihin.. sabangsaning seuseupanan teh sanes kuliner kampungan. 
Buktosna di unggal pasamonan gegeden sok disayogikeun eta katuangan rendah/teu 
aya kolesterol-an.
Katuangan sehat, matak panjang umur.
 
ro2.

>>> [EMAIL PROTECTED] 02/19/08 08:15PM >>>
teh rongrong, tos nyobian gatot?

gatot, salian ti jadi kadaharan usum paceklik, saenyana aya fungsi sejen, 
nyaeta keur ngawetkeun sumber bahan kadaharan. di lembur sim,uing, pasisian 
garut kaler, pakasaban jalma teh salian ti nyawah, nya ngebon. tah salah sahiji 
ladang ngebon teh sampeu tea. upama geus usum panen sampeu tara kahakan kabeh. 
nya salah sahiji tarekahna diawetkeun: dijieun kiripik, opak, sale, jeung gatot 
tea. gatot jeung sale mah adi lanceuk, ngan beda pakulitan.sampeu dipesek 
kulitna, dicacag, terus diawurkeun dina kenteng imah atawa kandang, teu 
dipirosea, kahujanan, kapanasan, tah upama geus cukup umur bakal jadi gatot nu 
kulitna lestreng tea. ari sale mah dinangna-nengne moena dina giribig atawa 
tampir, mun hujan diampihan ka imah. ieu sale jeung gatot teh, engkena bisa 
diolah jadi rurupa kadaharan: awug, peuyeum, jsb. (mh)

Kirim email ke