ayeunamah geus ampir euweuh... dilembur kuring ge di Ciamis geus langka...

2008/2/19, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>    Haarrr…ari Mang Bona … tuda nyebat ka abdi Rongrong…pan dina majalah
> Bobo ge Rongrong mah cs na Bona…heheh.
>
> Nya tangtos tos nyobian mah atuh, matak nyebat raos oge…
>
>
>
> Sok ras emut waktos di lembur keneh, pun biang remen nyeupan kayaning hui
> boled, sampeu, jagong, cau, boros, srrd kanggo capekrahem. Sakapeung sok aya
> nu ngintun boh titatanggi atanapi padamel pun biang, malahmah sok ngahaja
> meser gatot. Tadinamah ningalna ge ni gila da hideung, jaba saurnamah matak
> weureu deuih…tapi tos diseupan dipurulukan uyah, raos kacida…liat,
> kenyil-kenyil, matak deudeuieun.
>
>
>
> Dina hiji boboran, bakating ku leneng nuang nu aya santenan wungkul
> (enek), pun biang nyeupan gatot. Nuju raos-raos emam gatot sakulawarga, eh
> aya tamu munjungan. Enjingna pun biang ngadangu wartos ngeunaan kulawarga
> abdi,"Karunya teu boga beas keur sangueun merureun…" hihihihi…
>
>
>
> Waas pasmi ngadangu sale. Pun eyang (alm) sok remen nyale, pami lebet ka
> bumi teh…sugan mah seungit we ku sale heheh. Teu sale bae, asem ge sok
> pirajeunan dipesekan, dipoe teras digulaan, dipajangkeun dina keler. Ari
> nuju hoyong nu haseum2 kantun ditinyuh kucipanas, digula kawungan, tiiskeun
> … mmmmm…janten sirop gula asem. Pami nuju M, kantun tambihan ku koneng,
> lumayan lancar heheh.
>
>
>
> Hish, Kang Ihin.. sabangsaning seuseupanan teh sanes kuliner kampungan.
> Buktosna di unggal pasamonan gegeden sok disayogikeun eta katuangan
> rendah/teu aya kolesterol-an.
>
> Katuangan sehat, matak panjang umur.
>
>
>
> ro2.
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 02/19/08 08:15PM >>>
> teh rongrong, tos nyobian gatot?
>
> gatot, salian ti jadi kadaharan usum paceklik, saenyana aya fungsi sejen,
> nyaeta keur ngawetkeun sumber bahan kadaharan. di lembur sim,uing, pasisian
> garut kaler, pakasaban jalma teh salian ti nyawah, nya ngebon. tah salah
> sahiji ladang ngebon teh sampeu tea. upama geus usum panen sampeu tara
> kahakan kabeh. nya salah sahiji tarekahna diawetkeun: dijieun kiripik, opak,
> sale, jeung gatot tea. gatot jeung sale mah adi lanceuk, ngan beda
> pakulitan.sampeu dipesek kulitna, dicacag, terus diawurkeun dina kenteng
> imah atawa kandang, teu dipirosea, kahujanan, kapanasan, tah upama geus
> cukup umur bakal jadi gatot nu kulitna lestreng tea. ari sale mah
> dinangna-nengne moena dina giribig atawa tampir, mun hujan diampihan ka
> imah. ieu sale jeung gatot teh, engkena bisa diolah jadi rurupa kadaharan:
> awug, peuyeum, jsb. (mh)
>
> 
>

Kirim email ke