Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna keneh, 
samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we tobatna,lamun geuswareg 
" enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun  kalakuan hate anu hakekatna 
geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran. Teu rek 
nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek ngajamin hirup 
urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur tobat heula weh, 
samemeh maot. Coba lamun  kakara ge eta duit nu 6 milyar teh dicepeng, geletuk 
weh maot. Rek iraha  enjoyna jeung  tobatna.
   
  Loba geuning luang, misalna kabejakeun  aya sepasang  wanita -laki laki nu 
lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol , kanyahoan maot 
dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
  Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna belekesenteng 
keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh. 
  Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna nyaho 
pisan yen anu dipigawena teh   geus ngalanggar aturan , agama, tapi terus  
keneh dijalankeun , kalayan  diawalan ku  niat, ah  isukan mah moal, rek tobat  
we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui kasempetan pikeun tobat 
tah. 
  Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh  geus ngalakukeun perbuatan 
syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana perbuatan syirik 
kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus  "mempertuhan diri". Geus 
nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun umurna . Buktina manehna nepi ka 
miboga  kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we, engke we tobat mah mun geus  
wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain kaasup kana pagawean syirik kitu ?. 
Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana pagewean syirik. Sumawonna oge  
korupsi.
   
  Aya kalemahan urang dina sapopoena  ngajalankeun parentah agama . Sigana we  
ataw a katingalina we  seseorang teh geus ngalakukeun parentah Pangeran. atawa 
ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok ngalakukeun shalat  lima 
waktu,  geus jadi haji, malah umroh oge tiap usik. mayar zakat, sodakoh. Teu 
kaciri  sok nyembah patung , da lamun kitu katingalina mah  geus tangtu kaciri 
pisan geus berbuat syirik teh.
  Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh hartina 
upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah setiap 
pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na bener , 
ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus dijangjikeun 
ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah , euweuh hartina.
   
  Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean hate. 
Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan ningali pagawean 
fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan jeung ku Gusti 
Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate mah.Keur jelema  
tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek ( kabeh pagawean hate), moal 
hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun dijaga. Tapi di satukangeun 
urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang. Keur  jelema anu fasik  jeung 
munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese acong acongna shalat unggal waktu,  
naek haji sataun sakali, mayar sodakoh jeung zakat, tapi  sapopoe jadi malling, 
meres batur, korupsi dll.
  Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik  mah euweuh nilaina  di tingali ti 
na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah), saupama  niat 
samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan ?.
   
  Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun geus 
wareg ayeuna mah masih  jagjag waringkas kieu mah  moal waka tobat". Coba geura 
lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori perbuatan syirik 
atawa  teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur percaya  kana benda salian 
ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu, secara lisan  ( perbuatan 
fisik) bener  pisan eta  statement teh. Tapi lamun perbuatan hate teu saluyu 
jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah  omongannan teh.
   
  Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun ngalanggar atawa 
sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus kaasup  kana pagawean anu 
nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga kereteg dina hate, lamun urang 
teu boga duit  minimal 10 milyar samemeh pangsiun, kumaha anak pamajikan aing 
yeuh. Tah kereteg hate kitu oge  bisa dikategorikeun kana perbuatan syirik. 
Dina hakekatna pan geus "mangeran" kana duit. Hirupna tergantung kana duit nu 
10 milyar tea. Tina niat eta disusul ku  ngalakukeun korupsi, terus deui 
disusul ku niat sejen deui. "Ah keur tobat mah , naek haji we unggal taun,  
mayar sodakoh sing  kandel. Eta mah yakin naek hajina atawa  mayar sodakohna 
teh, ambeh kacirina we ku jelema yen manehna teh jadi jelema anu  sholeh. Lain 
karena Allah.
  Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean syirik 
oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu bener 
selanjutna ( teu bener teh  kulantaran lain  niat karena Allah). Pan pagawean 
hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik mah tergantung 
kana niat tea lain?.
   
  Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
  Ah ketang  tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan diri 
sorangan  we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya Alhamdulillah. 
Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
   
  Wassalam
  
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya 
eungap rek nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah nasib 
1-2 turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke saparantos 
enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun henteu ?..engke 
we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan milyar....

  On 3/3/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Lamun uing 
dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
meunang samilyar.
Harga diri? 
walah, anggota yang terhormat wae meunang
mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.

baktos,

mrachmat uidipura
masih "ngimpi" keneh yeuh.

__________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs







  

                         

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke