heuheuheu... jigana ieu mah fenomena gunung es tea... nu katewak loba, tapi
leuwih loba deui nu teu katewak... hehehe...
Ceuk Rahardi Ramelan mah pas dipenjara manehna nyarita ka sasama napi kasus
korupsi pokna teh kieu "Yah, kita tuh harus bersyukur, kita diberi
kesempatan bertobat sama Alloh, kita tuh disini yang tertangkap diluar sana
msh banyak yang ga tertangkap"

-Bohay-


2008/3/4, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Muhun atuh..pan urang keur nyarioskeun anu kagoda tea...anu digoda teh
> pan hate..ari anu lempeng mah pan jentre pisan "don't even think to do
> corrupt..bla..bla.." kasus jaksa Uriip oge meureun sakali deui meureun..eta
> anu kinerjana handal teu aya catetan negatip..tapi ujug2 6.1milyard..dicandak 
> ku nyalira ka imah HN...waduh godaan hate.....Cik ayeuna
> urang tebak wae sabaraha persen tina jalmi/pajabat anu gaduh manah siga nu
> ku abdi disangki..tobat mah pan tiasa engke....
>
>
> On 3/4/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna
> > keneh, samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we tobatna,lamun
> > geuswareg " enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun  kalakuan hate
> > anu hakekatna geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran.
> > Teu rek nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek
> > ngajamin hirup urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur
> > tobat heula weh, samemeh maot. Coba lamun  kakara ge eta duit nu 6 milyar
> > teh dicepeng, geletuk weh maot. Rek iraha  enjoyna jeung  tobatna.
> >
> > Loba geuning luang, misalna kabejakeun  aya sepasang  wanita -laki laki
> > nu lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol ,
> > kanyahoan maot dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
> > Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna
> > belekesenteng keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh.
> > Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna
> > nyaho pisan yen anu dipigawena teh   geus ngalanggar aturan , agama, tapi
> > terus  keneh dijalankeun , kalayan  diawalan ku  niat, ah  isukan mah moal,
> > rek tobat  we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui
> > kasempetan pikeun tobat tah.
> > Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh  geus ngalakukeun perbuatan
> > syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana perbuatan
> > syirik kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus  "mempertuhan
> > diri". Geus nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun umurna . Buktina
> > manehna nepi ka miboga  kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we, engke we
> > tobat mah mun geus  wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain kaasup kana
> > pagawean syirik kitu ?. Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana pagewean
> > syirik. Sumawonna oge  korupsi.
> >
> > Aya kalemahan urang dina sapopoena  ngajalankeun parentah agama . Sigana
> > we  ataw a katingalina we  seseorang teh geus ngalakukeun parentah Pangeran.
> > atawa ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok ngalakukeun
> > shalat  lima waktu,  geus jadi haji, malah umroh oge tiap usik. mayar zakat,
> > sodakoh. Teu kaciri  sok nyembah patung , da lamun kitu katingalina mah
> >  geus tangtu kaciri pisan geus berbuat syirik teh.
> > Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh
> > hartina upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah
> > setiap pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na
> > bener , ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus
> > dijangjikeun ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah ,
> > euweuh hartina.
> >
> > Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean
> > hate. Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan ningali
> > pagawean fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan
> > jeung ku Gusti Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate
> > mah.Keur jelema  tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek (
> > kabeh pagawean hate), moal hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun
> > dijaga. Tapi di satukangeun urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang.
> > Keur  jelema anu fasik  jeung munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese
> > acong acongna shalat unggal waktu,  naek haji sataun sakali, mayar sodakoh
> > jeung zakat, tapi  sapopoe jadi malling, meres batur, korupsi dll.
> > Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik  mah euweuh nilaina  di
> > tingali ti na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah),
> > saupama  niat samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan ?.
> >
> > Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun
> > geus wareg ayeuna mah masih  jagjag waringkas kieu mah  moal waka tobat".
> > Coba geura lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori
> > perbuatan syirik atawa  teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur percaya
> > kana benda salian ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu,
> > secara lisan  ( perbuatan fisik) bener  pisan eta  statement teh. Tapi lamun
> > perbuatan hate teu saluyu jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah  omongannan
> > teh.
> >
> > Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun ngalanggar
> > atawa sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus kaasup  kana
> > pagawean anu nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga kereteg dina
> > hate, lamun urang teu boga duit  minimal 10 milyar samemeh pangsiun, kumaha
> > anak pamajikan aing yeuh. Tah kereteg hate kitu oge  bisa dikategorikeun
> > kana perbuatan syirik. Dina hakekatna pan geus "mangeran" kana duit. Hirupna
> > tergantung kana duit nu 10 milyar tea. Tina niat eta disusul ku  ngalakukeun
> > korupsi, terus deui disusul ku niat sejen deui. "Ah keur tobat mah , naek
> > haji we unggal taun,  mayar sodakoh sing  kandel. Eta mah yakin naek hajina
> > atawa  mayar sodakohna teh, ambeh kacirina we ku jelema yen manehna teh jadi
> > jelema anu  sholeh. Lain karena Allah.
> > Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean
> > syirik oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu
> > bener selanjutna ( teu bener teh  kulantaran lain  niat karena Allah). Pan
> > pagawean hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik mah
> > tergantung kana niat tea lain?.
> >
> > Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
> > Ah ketang  tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan
> > diri sorangan  we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya
> > Alhamdulillah. Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
> >
> > Wassalam
> >
> > *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> >
> >  Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya eungap
> > rek nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah nasib 1-2
> > turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke saparantos
> > enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun henteu
> > ?..engke we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan milyar....
> >
> > On 3/3/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > >   Lamun uing dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
> > > bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
> > > haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
> > > hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
> > > dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
> > > Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
> > > meunang samilyar.
> > > Harga diri?
> > > walah, anggota yang terhormat wae meunang
> > > mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
> > > mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.
> > >
> > > baktos,
> > >
> > > mrachmat uidipura
> > > masih "ngimpi" keneh yeuh.
> > >
> > > __________________________________________________________
> > > Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> > > http://www.yahoo.com/r/hs
> > >
> > >
> >
> >
> >  ------------------------------
> > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo!
> > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
> >
> >
>  
>

Kirim email ke