Hatur nuhun kang dud,
Nerangkeun na meni dugi ka serah-serahna kang.
Ari anu kalenyepan ku simkuring mah, Tulisan Mrahmat Rawyani teh sanes anu
kaluar tina ati sanubari siga namah, Margi moal enya aya urang sunda model kitu?
Anu kahartos ku simkuring mah anjeuna teh ngungkapkeun kakesel hate,
ngadangukeun para pejabat ayeuna. Jeung da kitu kanyataan hate para pejabat
ayeuna teh geuning. Geus teu sieun deui ku Allah, padahal mun urang sadar,
Allah tetep mureleng nalingakeun urang timimiti gerak hate nepi ka kalakuan nu
dipilampah, teu beurang teu peuting, teu nembrak teu nyumput. Moal leungit tina
pandangan Allah. Termasuk kalakuan anu ku urang dipilampah jeung kahadean
nudipilampah tetep di kalkulasi ku Allah diitung taya nu kaliwat anu bakal
dipertanggung jawabkeun di akherat.
Sok inget kana kalakuan simkuring dina palebah digawe, Kabeneran simkuring
teh korsina rada baseuh. bagean kontrak proyek jeung kost kontrol. Ari
perusahaan simkuring bergerak dina ngawangun jeung ngarenovasi kapal,
fabrikasina aya di Johor-Malaysia. Sedengkeun kapalna datang ti manca nagara.
rupa-rupa warnanya....Namina oge kapal dulur, najan ngarenovasi hungkul nilai
kontrakna sok nepi ka Sin $ 11 juta dollar keur proyek salila ukur sabulan
(kurs na mah pang itungkeun we lah da kalkulator kuring leutik angkana teu
muat).
Kontrakna kawilang gararede sabab kapal nu direnovasi na kapal-kapal badag
jeung loba kapal saperti LPG/LNG, tanker, VLCC nu panjangna leuwih 300 meter.
Dina jalan na proyek sok aya tambahan itu jeung ieu kumaha we mun urang
ngarenovasi imah, kadang hayang ngamodifikasi nu teu perelu pan. Nepi ka dina
proyek selesai, biaya jadi nambahan. leuwih loba batan nilai kontrak.
Kadang-kadang sok leuwih nepi ka 20% tina nilai kontrak. Dina hal ieu sabab
ayana juru nego.
Tah dina akhir proyek simkuring sok kapeto jadi juru nego jeung client sabab
simkuring nu ngontrol kos eta proyek. Ngong-ngeng adu regeng, anu ujung-ujungna
sok aya client nu teu mampu mayar ngeleketek kuring, rek mere 5 persen lah, aya
nu rek mere 10 persen lah kumaha badagna biaya. Keur mimiti mah rada aheng
kajadian ieu teh, tapi beuki lila, beuki sering teu aneh teuing da kitu meureun
gogodana.
Cing pang ngitungkeun baraya mun 5% tina 12juta Sin dollar? dina sabulan hiji
kapal, mun sataun sabaraha nya?
Memang baraya mun ngukur ka kabutuh mah, imah kuring nu di Batam type 36 can
lunas, cicing di malaysia cukup di rumah dinas nu disadiakeun perusahaan (tong
dibandingkeun jeung rumah dinas DPR nya da eta leuwih alus batan hotel bintang
5), mobil nu dipiboga saharga RM5000 proton saga taun 91 (di lembur mah moal
aya mobil kitu da teu laku). Anak rek sakola pasti kudu siap-siap biaya. Komo
deui cicing jeung sakola di Malaysia. Sedengkeun ningali gaji bet asa teu
pantes pikeun juru nego model kuring...(ceuk pikiran hate nu keur sombong..)
Tapi pan baraya, hirup teh ukur ngumbara. Dina hitungan detik hirup urang
bisa wae berubah, bisa maot, bisa hirup. Bisa beunghar bisa miskin..terus pilih
ganti. Keur naon atuh meunang duit sakitu gedena ari ladang curaling mah? naha
aya kanikmatan?
Berekah...
Tah eta pan nu dipiharep ku urang teh..??? rek berekah kumaha mun salila
hirup diudag-udag wae ku kasieun. Sieun katewak polisi, sieun maot memeh tobat
sieun....wah rea-rea deui we...
Loba harta loba banda tapi teu berekah, ari geletuk teh tong gede-gede dibere
diabetes we, cik kumaha? loba duit rek dahar jeung nungeunah teu bisa loba,
diukur, di gram....
Loba mobil aya kana 10 na warna warni, dipake nage diakurkeun jeung mun make
warna baju. Na da ari dipake teh bet ukur hiji geuning. teu bisa dipake
babarengan.
Imah sakitu gedena ukur ngaheurinan lembur hungkul, da teu ka ubek kabeh...
Jadi naon nu rek diteangan baraya..??
Balik deui ka lalakon simkuring. Sanajan kaayaan kuring model kitu, di imah
teu boga korsi-korsi acan (pedah lain teu kabual) da percuma da moal cicing
salilana dilembur batur. Cukup ngampar karpet we diruang tengah. dibaturan ku
tv 21". padahal mun kuring balik ka lembur atawa ka Batam pasti wae ateul
hayang meuli ieu jeung itu.
Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga urang
babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari dilembur urang
mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi acan, teu weleh
pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx we.....euweuh nu usil.
Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap kukuring mah hiji anugrah anu
taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring leutik (ceuk ukuran jabatan kuring),
tapi dina hate aya hiji kabungah anu taya wates wangen na.
Sababna :
hiji kuring disalametkeun tina curaling.
Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal.
Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji.
Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan kuring.
Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur dilembur.
Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka ayeuna masih keneh
ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun jeung ngawaskeun
kuring beurang jeung peuting.
Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung
dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas teu
nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus jadi
fitrahna manusa.
Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya.....
Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan, mun
aya mangfaatna mangga we pulungan.
wassalam
dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna
keneh, samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we tobatna,lamun
geuswareg " enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun kalakuan hate anu
hakekatna geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran. Teu rek
nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek ngajamin hirup
urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur tobat heula weh,
samemeh maot. Coba lamun kakara ge eta duit nu 6 milyar teh dicepeng, geletuk
weh maot. Rek iraha enjoyna jeung tobatna.
Loba geuning luang, misalna kabejakeun aya sepasang wanita -laki laki nu
lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol , kanyahoan maot
dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna belekesenteng
keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh.
Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna nyaho
pisan yen anu dipigawena teh geus ngalanggar aturan , agama, tapi terus
keneh dijalankeun , kalayan diawalan ku niat, ah isukan mah moal, rek tobat
we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui kasempetan pikeun tobat
tah.
Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh geus ngalakukeun perbuatan
syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana perbuatan syirik
kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus "mempertuhan diri". Geus
nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun umurna . Buktina manehna nepi ka
miboga kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we, engke we tobat mah mun geus
wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain kaasup kana pagawean syirik kitu ?.
Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana pagewean syirik. Sumawonna oge
korupsi.
Aya kalemahan urang dina sapopoena ngajalankeun parentah agama . Sigana we
ataw a katingalina we seseorang teh geus ngalakukeun parentah Pangeran. atawa
ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok ngalakukeun shalat lima
waktu, geus jadi haji, malah umroh oge tiap usik. mayar zakat, sodakoh. Teu
kaciri sok nyembah patung , da lamun kitu katingalina mah geus tangtu kaciri
pisan geus berbuat syirik teh.
Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh hartina
upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah setiap
pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na bener ,
ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus dijangjikeun
ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah , euweuh hartina.
Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean hate.
Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan ningali pagawean
fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan jeung ku Gusti
Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate mah.Keur jelema
tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek ( kabeh pagawean hate), moal
hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun dijaga. Tapi di satukangeun
urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang. Keur jelema anu fasik jeung
munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese acong acongna shalat unggal waktu,
naek haji sataun sakali, mayar sodakoh jeung zakat, tapi sapopoe jadi malling,
meres batur, korupsi dll.
Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik mah euweuh nilaina di tingali ti
na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah), saupama niat
samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan ?.
Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun geus
wareg ayeuna mah masih jagjag waringkas kieu mah moal waka tobat". Coba geura
lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori perbuatan syirik
atawa teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur percaya kana benda salian
ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu, secara lisan ( perbuatan
fisik) bener pisan eta statement teh. Tapi lamun perbuatan hate teu saluyu
jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah omongannan teh.
Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun ngalanggar atawa
sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus kaasup kana pagawean anu
nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga kereteg dina hate, lamun urang
teu boga duit minimal 10 milyar samemeh pangsiun, kumaha anak pamajikan aing
yeuh. Tah kereteg hate kitu oge bisa dikategorikeun kana perbuatan syirik.
Dina hakekatna pan geus "mangeran" kana duit. Hirupna tergantung kana duit nu
10 milyar tea. Tina niat eta disusul ku ngalakukeun korupsi, terus deui
disusul ku niat sejen deui. "Ah keur tobat mah , naek haji we unggal taun,
mayar sodakoh sing kandel. Eta mah yakin naek hajina atawa mayar sodakohna
teh, ambeh kacirina we ku jelema yen manehna teh jadi jelema anu sholeh. Lain
karena Allah.
Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean syirik
oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu bener
selanjutna ( teu bener teh kulantaran lain niat karena Allah). Pan pagawean
hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik mah tergantung
kana niat tea lain?.
Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
Ah ketang tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan diri
sorangan we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya Alhamdulillah.
Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
Wassalam
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya eungap
rek nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah nasib 1-2
turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke saparantos
enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun henteu ?..engke
we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan milyar....
On 3/3/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Lamun uing
dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
meunang samilyar.
Harga diri?
walah, anggota yang terhormat wae meunang
mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.
baktos,
mrachmat uidipura
masih "ngimpi" keneh yeuh.
__________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.