Nuhun piwulangna, Kang Dadi... Te'o'pe... Katampi pisan...

On 3/4/08, Dadi Kurniadi wrote:
>
>   Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga
> urang babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari
> dilembur urang mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi
> acan, teu weleh pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx
> we.....euweuh nu usil. Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap
> kukuring mah hiji anugrah anu taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring
> leutik (ceuk ukuran jabatan kuring), tapi dina hate aya hiji kabungah anu
> taya wates wangen na.
> Sababna :
> hiji kuring disalametkeun tina curaling.
> Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal.
> Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji.
> Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan
> kuring. Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur
> dilembur. Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka
> ayeuna masih keneh ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun
> jeung ngawaskeun kuring beurang jeung peuting.
> Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung
> dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas
> teu nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus
> jadi fitrahna manusa.
> Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya.....
> Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan,
> mun aya mangfaatna mangga we pulungan.
>

Kirim email ke