Soal penomena  Gunung Es mah sapagodos pisan
...ampir dina sagala widang kahirupan...ngan umumna sok kana hal2 negatip
atanapi anu nyangkut kana kasalahan...Upamina dikampung taun aya 3-5 pacandu
narkoba...kanyataanna mah umumna langkung ti sakitu...Tapi mun dihiji
kampung aya 2 Ustadz anu hade sareng empeng...biasana ngan dua eta
hungkul.........


On 3/4/08, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   heuheuheu... jigana ieu mah fenomena gunung es tea... nu katewak loba,
> tapi leuwih loba deui nu teu katewak... hehehe...
> Ceuk Rahardi Ramelan mah pas dipenjara manehna nyarita ka sasama napi
> kasus korupsi pokna teh kieu "Yah, kita tuh harus bersyukur, kita diberi
> kesempatan bertobat sama Alloh, kita tuh disini yang tertangkap diluar
> sana msh banyak yang ga tertangkap"
>
> -Bohay-
>
>
> 2008/3/4, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >   Muhun atuh..pan urang keur nyarioskeun anu kagoda tea...anu digoda teh
> > pan hate..ari anu lempeng mah pan jentre pisan "don't even think to do
> > corrupt..bla..bla.." kasus jaksa Uriip oge meureun sakali deui meureun..eta
> > anu kinerjana handal teu aya catetan negatip..tapi ujug2 
> > 6.1milyard..dicandak ku nyalira ka imah HN...waduh godaan hate.....Cik 
> > ayeuna
> > urang tebak wae sabaraha persen tina jalmi/pajabat anu gaduh manah siga nu
> > ku abdi disangki..tobat mah pan tiasa engke....
> >
> >
> > On 3/4/08, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > >    Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna
> > > keneh, samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we 
> > > tobatna,lamun
> > > geuswareg " enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun  kalakuan 
> > > hate
> > > anu hakekatna geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran.
> > > Teu rek nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek
> > > ngajamin hirup urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur
> > > tobat heula weh, samemeh maot. Coba lamun  kakara ge eta duit nu 6 milyar
> > > teh dicepeng, geletuk weh maot. Rek iraha  enjoyna jeung  tobatna.
> > >
> > > Loba geuning luang, misalna kabejakeun  aya sepasang  wanita -laki
> > > laki nu lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol ,
> > > kanyahoan maot dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
> > > Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna
> > > belekesenteng keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh.
> > > Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna
> > > nyaho pisan yen anu dipigawena teh   geus ngalanggar aturan , agama, tapi
> > > terus  keneh dijalankeun , kalayan  diawalan ku  niat, ah  isukan mah 
> > > moal,
> > > rek tobat  we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui
> > > kasempetan pikeun tobat tah.
> > > Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh  geus ngalakukeun
> > > perbuatan syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana
> > > perbuatan syirik kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus
> > > "mempertuhan diri". Geus nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun 
> > > umurna
> > > . Buktina manehna nepi ka miboga  kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we,
> > > engke we tobat mah mun geus  wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain 
> > > kaasup
> > > kana pagawean syirik kitu ?. Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana
> > > pagewean syirik. Sumawonna oge  korupsi.
> > >
> > > Aya kalemahan urang dina sapopoena  ngajalankeun parentah agama .
> > > Sigana we  ataw a katingalina we  seseorang teh geus ngalakukeun parentah
> > > Pangeran. atawa ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok
> > > ngalakukeun shalat  lima waktu,  geus jadi haji, malah umroh oge tiap 
> > > usik.
> > > mayar zakat, sodakoh. Teu kaciri  sok nyembah patung , da lamun kitu
> > > katingalina mah  geus tangtu kaciri pisan geus berbuat syirik teh.
> > > Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh
> > > hartina upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah
> > > setiap pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na
> > > bener , ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus
> > > dijangjikeun ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah ,
> > > euweuh hartina.
> > >
> > > Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean
> > > hate. Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan 
> > > ningali
> > > pagawean fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan
> > > jeung ku Gusti Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate
> > > mah.Keur jelema  tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek (
> > > kabeh pagawean hate), moal hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun
> > > dijaga. Tapi di satukangeun urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang.
> > > Keur  jelema anu fasik  jeung munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese
> > > acong acongna shalat unggal waktu,  naek haji sataun sakali, mayar sodakoh
> > > jeung zakat, tapi  sapopoe jadi malling, meres batur, korupsi dll.
> > > Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik  mah euweuh nilaina  di
> > > tingali ti na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah),
> > > saupama  niat samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan 
> > > ?.
> > >
> > > Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun
> > > geus wareg ayeuna mah masih  jagjag waringkas kieu mah  moal waka tobat".
> > > Coba geura lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori
> > > perbuatan syirik atawa  teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur 
> > > percaya
> > > kana benda salian ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu,
> > > secara lisan  ( perbuatan fisik) bener  pisan eta  statement teh. Tapi 
> > > lamun
> > > perbuatan hate teu saluyu jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah  omongannan
> > > teh.
> > >
> > > Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun
> > > ngalanggar atawa sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus
> > > kaasup  kana pagawean anu nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga
> > > kereteg dina hate, lamun urang teu boga duit  minimal 10 milyar samemeh
> > > pangsiun, kumaha anak pamajikan aing yeuh. Tah kereteg hate kitu oge  bisa
> > > dikategorikeun kana perbuatan syirik. Dina hakekatna pan geus "mangeran"
> > > kana duit. Hirupna tergantung kana duit nu 10 milyar tea. Tina niat eta
> > > disusul ku  ngalakukeun korupsi, terus deui disusul ku niat sejen deui. 
> > > "Ah
> > > keur tobat mah , naek haji we unggal taun,  mayar sodakoh sing  kandel. 
> > > Eta
> > > mah yakin naek hajina atawa  mayar sodakohna teh, ambeh kacirina we ku
> > > jelema yen manehna teh jadi jelema anu  sholeh. Lain karena Allah.
> > > Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean
> > > syirik oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu
> > > bener selanjutna ( teu bener teh  kulantaran lain  niat karena Allah). Pan
> > > pagawean hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik 
> > > mah
> > > tergantung kana niat tea lain?.
> > >
> > > Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
> > > Ah ketang  tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan
> > > diri sorangan  we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya
> > > Alhamdulillah. Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
> > >
> > > Wassalam
> > >
> > > *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> > >
> > >  Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya
> > > eungap rek nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah
> > > nasib 1-2 turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke
> > > saparantos enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun
> > > henteu ?..engke we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan 
> > > milyar....
> > >
> > > On 3/3/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > >
> > > >   Lamun uing dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
> > > > bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
> > > > haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
> > > > hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
> > > > dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
> > > > Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
> > > > meunang samilyar.
> > > > Harga diri?
> > > > walah, anggota yang terhormat wae meunang
> > > > mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
> > > > mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.
> > > >
> > > > baktos,
> > > >
> > > > mrachmat uidipura
> > > > masih "ngimpi" keneh yeuh.
> > > >
> > > > __________________________________________________________
> > > > Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> > > > http://www.yahoo.com/r/hs
> > > >
> > > >
> > >
> > >
> > >  ------------------------------
> > > Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo!
> > > Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
> > >
> > >
> >
> 
>

Kirim email ke