Kang uing ambek euy disebat meri....
da kuring mah jelema tulen..
Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dirga atawa Kang Rachman hampura yeuh nya, si kuring aya saran
:
mun maca tulisan Emha atawa panulis2 sospol nu manuk di zaman Ki Harto alm,
eta tulisan teh tong di artikeun saujratna, tapi coba teangan naon kira2 nu
keur "disindir" (dibahas) atawa "latar belakang" eta tulisan...
contona kieu :
uing gogorowokan di jalan atawa di milist "seler Sunda mah euweuh !!! Perang
Bubat ngan ukur dongeng, fantasi wungkul !!!"... atuh brul urang sunda rabul,
kabeh ngumpul rek neangan si kuring, trus rapat di ditu di dieu, neang cara
satekah polah sangkan si kuring bisa dipenjara lantaran gorowokan si kuring
dianggap ngahina Sunda...
ceuk nu ningali saujratna : si kuring belegug, gogorowokan teu baleg nepi ka
di penjara...
ceuk nu ningali teu saujratna : alus tah gorowokan teh, urang Sunda jadi
ngahariji deui...
hehehe ieu mah saukur conto nya Kang, si uing tong dipenjara heuheuheu...
intina : Emha keur nyindir, cenah mayoritas muslim, negeri sajuta masjid...
tapi korupsi mahabu, rahayatna aya nu paeh kalaparan, trus ulamana deuih aya nu
kawentar "ulama Pajero", eta pedah kamana-mana naek Jeep Pajero trus (harita
Pajero masih arang langka)...
mudah2an sindiran Emha nepi, jeung teu disalah-hartikeun...
sakali deui, hampura geus kokolot begog yeuh, mamatahan ngojay ka meri...
^_^
----- Original Message -----
From: Dirgahayu, Rachman
Subject: RE: [Urang Sunda] Emha Ainun Nadjib: Gusti Allah Tidak Ndeso
ke ke ke , ari eta pendapat ti emha a n.
ari emha teh janteun penentu fiqih di indonesia ?
ulah beakeun waktu mikiran pendapatna emha.
Saban jalmi bebas ngaluarkeun pendapat.
Tapi pendapat anu saha mesti digugu , urang kudu apal...
-----Original Message-----
From: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Emha Ainun Nadjib:
Gusti Allah Tidak Ndeso
mun teu salah, waktuna mah sarua...
malah pernah perang jiga kieu :
(Ustmaniyah + Romawi Barat) vs (Abassiyah + Romawi Timur)
jadi satutasna Kangjeng Nabi wafat, hese pisan umat Islam rek ngahijina...
Abu Bakar RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra...
Umar RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra (malah nepi ka aya nu
nelasan sagala)
Ali RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra (ieu ge sami aya nu nelasan)
satutasna Ali RA, Islam teras pecah, aya nu Sunni, aya nu Syiah... masing2
nyieun nagara sorangan...
di Irak zaman ayeuna Sunni - Syiah keur perang...
mun aya ideu jang ngahijikeun sakabeh umat islam, alus pisan tah...
ngan teu kabayang, saha nu jadi pamingpin jeung saha nu dipimpin...(pasti
rebutan, moal aya nu daek ngelehan)
tong boro islam beda nagara, dalah islam sarua nagara wae ge ribut rebutan
pada-pada hayang jadi pamingpin(indonesia wae lah conto ieu mah)...
jadi tong boro ngahiji jadi khilafah, dalah heunteu perang antar sasama ge
geus untung....
halah naha jadi pesimis kieu nya...
ah teuing lah lieur... jeung era deuih hehehehe...
^_^
.
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.