mun teu salah, waktuna mah sarua... malah pernah perang jiga kieu : (Ustmaniyah + Romawi Barat) vs (Abassiyah + Romawi Timur)
jadi satutasna Kangjeng Nabi wafat, hese pisan umat Islam rek ngahijina... Abu Bakar RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra... Umar RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra (malah nepi ka aya nu nelasan sagala) Ali RA, naek jadi kalifah dibarengan pro-kontra (ieu ge sami aya nu nelasan) satutasna Ali RA, Islam teras pecah, aya nu Sunni, aya nu Syiah... masing2 nyieun nagara sorangan... di Irak zaman ayeuna Sunni - Syiah keur perang... mun aya ideu jang ngahijikeun sakabeh umat islam, alus pisan tah... ngan teu kabayang, saha nu jadi pamingpin jeung saha nu dipimpin...(pasti rebutan, moal aya nu daek ngelehan) tong boro islam beda nagara, dalah islam sarua nagara wae ge ribut rebutan pada-pada hayang jadi pamingpin(indonesia wae lah conto ieu mah)... jadi tong boro ngahiji jadi khilafah, dalah heunteu perang antar sasama ge geus untung.... halah naha jadi pesimis kieu nya... ah teuing lah lieur... jeung era deuih hehehehe... ^_^ ----- Original Message ----- From: Tessar Wardhana To: [email protected] Sent: Thursday, March 06, 2008 12:52 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Emha Ainun Nadjib: Gusti Allah Tidak Ndeso cobi nyuhungkeun diparios perkawis benten waktosna, kang! sakaterang abdi mah emang ibukota teh ngalih2 nuju harita teh... dinasti-dinasti nu dimaksad dina buku teh nya keluarga Khilafah nu berkuasa nuju harita anu ibukota khilafahna seueur ngalih nya terakhir di Turki tea. mung tong pahili sareng dinasti anu dpimpin ku wali istilah na mah, sapertos hubungan kerajaan Aceh sareng Khilafah Ustmaniyah nuju jaman walanda kapungkur. Mung pusat pemerintahan mah tetep diwangku ku Khalifah tea. Ari biasana mah Jabatan Wali/Gubernur pami istilah ayeuna mah dicepeng ku urang asli negeri eta. Hatur nuhun tambihanana Kang Waluya... Insya4JJI ku abdi bade ditelusuran deui. Mung perkawis Hadits Nabi soal wajibna hiji pamingpin mah emang tos Mutawatir. Tiasa diparios, sareng Ulama Madzhab teu aya perbedaan dinu hal eta. Wallohu 'alam biashowab --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]> > > Anu diperyogikeun ku urang teh teu aya sanes > Daulah > > Khilafah Islamiyah dimana hiji2na institusi sah > anu > > tos kawangun 13 abad saprak Kanjeng Rasulullah > dugi > > terakhir Khilafah Ustmaniyah di Turki 80 taunan > > kapengker. > > Ke Kang, dina Sajarah Islam, nu disebat Khilafah teh > henteu ukur hiji. > Saruntagna Bani Ummayah di Damaskus Syria (kurang > leuwih 100 taun saatosna > Kangjeng Nabi ngantunkeun) ngadeg Dinasti Abbasyiah > di Bagdhad. Bani Ummayah > ampir tumpur tapi aya nu salamet di Andalusia jeung > ngadegkeun Khilafah oge > didinya. Tah waktu eta, kurang leuwih 100 taun > saatosna Kangjeng Nabi wafat, > paling hneteu geus aya dua Khilafah di Bagdad jeung > di Spanyol. Spanyol > memang kantos dikawasa Islam, tapi lain hartina > pangawasana sarua jeung nu > di Bagdhad. Kadieukeun nu disebut Khilafah teh malah > beuki loba. Di Mesir > aya Fatimahyah, nu ngadegekeun Al Azhar (lamun teu > salah). Di India jeung di > Asia Tengah oge ngadeg, nu resep Sajarah pasti > mikawanoh saha Timur Lenk, > Sultan Akbar, Syah Jeihan nu nyieun Taj Mahal nu > kakoncara tea. > > Di Indonesia, di abad ka 15-16 loba karajaan Islam > mucunghul, di Jawa wae > aya Banten, Cirebon, Demak, Mataram jrrd acan nu > diluar Jawa. Jadi saur saha > ngan aya hiji? > > Rekomendasi : cobi pilarian buku-buku Sajarah Islam, > supaya aya gambaran > dina sajeroning 13 abad teh. Sabab 1300 taun teh > lain waktos sakedap. > > Baktos, > WALUYA .

