sarua Bah Willy, uing ge ti IPA (A1) ngan kabeneran resep kana sajarah...
di SMA harita aya diterangkeun yen Khalifah Ustmaniyah digulingkeun ku Khalifah 
Abbasiyah, kulawarga Bani Ustmaniyah hampir beak ditelasan ku Bani Abbasiyah, 
ngan aya keneh nu salamet, terus lumpat ka Andalusia-Spanyol... 

dua Khalifah ieu trus perang, kabeneran harita Romawi oge keur beulah (Barat vs 
Timur) jeung sarua perang deuih...
antukna aya aliansi : (Ustmaniyah-Romawi Barat) vs (Abbasiyah-Romawi Timur)


^_^
 


  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  Subject: Re: [Urang Sunda] Emha Ainun Nadjib: Gusti Allah Tidak Ndeso


  > From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
  > cobi nyuhungkeun diparios perkawis benten waktosna,
  > kang! sakaterang abdi mah emang ibukota teh ngalih2
  > nuju harita teh... dinasti-dinasti nu dimaksad dina
  > buku teh nya keluarga Khilafah nu berkuasa nuju harita
  > anu ibukota khilafahna seueur ngalih nya terakhir di
  > Turki tea.

  Kapungkur akang ti SMA IPA nya? Lamun teu salah kurikulum Sajarah Dunia di
  jurusan IPA mah teu aya, beda jeung jurusan IPS. Tangtos teu pati apal, yen
  kehalifahan Islam di Bagdhad jeung Spanyol teh beda. Malah sasatna mah
  mumusuhan, ari sababna Bani Ummayah nu diruntagkeun ku Bani Abbasyiah, ampir
  ditelasan sadayana ku nu ngadegkeun Bani Abbasyiah. Nu salamet ngadegkeun
  deui kasultanan di Spanyol. Dina pelajaran Sajarah Dunia di SMA perkara ieu
  aya Kang!

  > sapertos hubungan kerajaan
  > Aceh sareng Khilafah Ustmaniyah nuju jaman walanda
  > kapungkur. Mung pusat pemerintahan mah tetep diwangku
  > ku Khalifah tea. Ari biasana mah Jabatan Wali/Gubernur
  > pami istilah ayeuna mah dicepeng ku urang asli negeri
  > eta.

  Kasultanan Aceh, sanes "Jajahan Turki", estu nagara Merdeka, tiasa ngambek 
  urang Aceh lamun disebutkeun kungsi dikawasa Turki. Ari hubungan mah tangtu 
  aya, siga ayeuna pan urang oge boga hubungan diplomatik jeung nagara-nagara 
  deungeun. Komo deui ieu dianatara nagara Islam. Para Wali nu nyebarkeun 
  agama Islam di Jawa sanes gubernur ti ka khalifahan. Buktina katurunanna 
  malah nyieun nagara sorangan, siga Cirebon .....

  Baktos,
  WALUYA
  [urang IPA nu resep Sajarah]
  . 
   

Kirim email ke