> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> cobi nyuhungkeun diparios perkawis benten waktosna,
> kang! sakaterang abdi mah emang ibukota teh ngalih2
> nuju harita teh... dinasti-dinasti nu dimaksad dina
> buku teh nya keluarga Khilafah nu berkuasa nuju harita
> anu ibukota khilafahna seueur ngalih nya terakhir di
> Turki tea.

Kapungkur akang ti SMA IPA nya? Lamun teu salah kurikulum Sajarah Dunia di
jurusan IPA mah teu aya, beda jeung jurusan IPS.  Tangtos teu pati apal, yen
kehalifahan Islam di Bagdhad jeung Spanyol teh beda. Malah sasatna mah
mumusuhan, ari sababna Bani Ummayah nu diruntagkeun ku Bani Abbasyiah, ampir
ditelasan sadayana ku nu ngadegkeun Bani Abbasyiah. Nu salamet ngadegkeun
deui kasultanan di Spanyol. Dina pelajaran Sajarah Dunia di SMA perkara ieu
aya Kang!

> sapertos hubungan kerajaan
> Aceh sareng Khilafah Ustmaniyah nuju jaman walanda
> kapungkur. Mung pusat pemerintahan mah tetep diwangku
> ku Khalifah tea. Ari biasana mah Jabatan Wali/Gubernur
> pami istilah ayeuna mah dicepeng ku urang asli negeri
> eta.

Kasultanan Aceh, sanes "Jajahan Turki", estu nagara Merdeka, tiasa ngambek 
urang Aceh lamun disebutkeun kungsi dikawasa Turki. Ari hubungan mah tangtu 
aya, siga ayeuna pan urang oge boga hubungan diplomatik jeung nagara-nagara 
deungeun. Komo deui ieu dianatara nagara Islam. Para Wali nu nyebarkeun 
agama Islam di Jawa sanes gubernur ti ka khalifahan. Buktina katurunanna 
malah nyieun nagara sorangan, siga Cirebon .....

 Baktos,
WALUYA
[urang IPA nu resep Sajarah]

Kirim email ke