cobi nyuhungkeun diparios perkawis benten waktosna,
kang! sakaterang abdi mah emang ibukota teh ngalih2
nuju harita teh... dinasti-dinasti nu dimaksad dina
buku teh nya keluarga Khilafah nu berkuasa nuju harita
anu ibukota khilafahna seueur ngalih nya terakhir di
Turki tea. mung tong pahili sareng dinasti anu dpimpin
ku wali istilah na mah, sapertos hubungan kerajaan
Aceh sareng Khilafah Ustmaniyah nuju jaman walanda
kapungkur. Mung pusat pemerintahan mah tetep diwangku
ku Khalifah tea. Ari biasana mah Jabatan Wali/Gubernur
pami istilah ayeuna mah dicepeng ku urang asli negeri
eta.
Hatur nuhun tambihanana Kang Waluya... Insya4JJI ku
abdi bade ditelusuran deui. Mung perkawis Hadits Nabi
soal wajibna hiji pamingpin mah emang tos Mutawatir.
Tiasa diparios, sareng Ulama Madzhab teu aya perbedaan
dinu hal eta.
Wallohu 'alam biashowab
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> > Anu diperyogikeun ku urang teh teu aya sanes
> Daulah
> > Khilafah Islamiyah dimana hiji2na institusi sah
> anu
> > tos kawangun 13 abad saprak Kanjeng Rasulullah
> dugi
> > terakhir Khilafah Ustmaniyah di Turki 80 taunan
> > kapengker.
>
> Ke Kang, dina Sajarah Islam, nu disebat Khilafah teh
> henteu ukur hiji.
> Saruntagna Bani Ummayah di Damaskus Syria (kurang
> leuwih 100 taun saatosna
> Kangjeng Nabi ngantunkeun) ngadeg Dinasti Abbasyiah
> di Bagdhad. Bani Ummayah
> ampir tumpur tapi aya nu salamet di Andalusia jeung
> ngadegkeun Khilafah oge
> didinya. Tah waktu eta, kurang leuwih 100 taun
> saatosna Kangjeng Nabi wafat,
> paling hneteu geus aya dua Khilafah di Bagdad jeung
> di Spanyol. Spanyol
> memang kantos dikawasa Islam, tapi lain hartina
> pangawasana sarua jeung nu
> di Bagdhad. Kadieukeun nu disebut Khilafah teh malah
> beuki loba. Di Mesir
> aya Fatimahyah, nu ngadegekeun Al Azhar (lamun teu
> salah). Di India jeung di
> Asia Tengah oge ngadeg, nu resep Sajarah pasti
> mikawanoh saha Timur Lenk,
> Sultan Akbar, Syah Jeihan nu nyieun Taj Mahal nu
> kakoncara tea.
>
> Di Indonesia, di abad ka 15-16 loba karajaan Islam
> mucunghul, di Jawa wae
> aya Banten, Cirebon, Demak, Mataram jrrd acan nu
> diluar Jawa. Jadi saur saha
> ngan aya hiji?
>
> Rekomendasi : cobi pilarian buku-buku Sajarah Islam,
> supaya aya gambaran
> dina sajeroning 13 abad teh. Sabab 1300 taun teh
> lain waktos sakedap.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs