Punten ah ngiringan ngaramekeun...
harebat euy wargi-wargi abdi di Kusnet teh.., pantes lah upami pada tiasa
mimpin Jabar mah da palalinter.
Aya obrolan Parte( pasti aya oge sabab aya pilkada ), dugi ka ngobrolkeun anu
nyebatna"harewos" padahal mung harewos, aya nu ngobrolkeun "paham' dugi ka
hampir sadayana di bahas.Eta deui perkawis PKS da kanggo abdi mah jalmi alit
nu dumuk di paling wetan oge janten terang PKS binaan
Soeripto(majarkeun=hartina ceuk beja),aya deui Perpanjangan tangan IM mesir (
Pasti nu ngabejakeun maca dina Sabili=eta saur Ua Yusuf Qhordowi ),Aya deui PKS
teh sami sareng FPI(saideologi) naon dasarna ?.
sareng "aliran" sanes oge di bahas. Saur abdi mah kanggo para wargi sadaya anu
dipihormat, PARANTOS (CAAG) nu kitu mah tong di bahas didieu da pasti aya
penontona anu bakal surak bungah ningalikeun urang sunda teh ngabahas ieu bae
mani riweuh( upami masalah mazhab/aliran/faham salami teu kaluar ti Aqidah
Islam=mangga bae araya), saur abdi mah masih seueur masalah di Jabar anu
langkung Krusial,anu dipiharep ku warga sunda.
1.Kumaha Rakyat tiasa nyakolakeun putra-putrina.
2.Kumaha masyarakat teu gering( jaminan kasehatan)
3.Kabutuhan rakyat sadidinten tercukupi.
4.Aya harapan ka masa kapayun(Optimis).
Hatur nuhun
salam baktos ti wargi di Tambaksari-Ciamis
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping