LAIN CIKONENG-TAPI sindangkasih meureun MJ!

Pada 31 Maret 2008 13:44, mj <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

>
>
> Enya urang teh boga masahal sial nu Krusial. Sabenerna koncina mah geus aya
> dina ideologi nagara oge UUD 45. ngan hese wae bungkeuleukna. Komo mun nu
> ditoongna ajaran agama. Agama Islam berpihak ka rakyat leutik, nu sangsara
> jeung nu tertindas, yatim piatu, jsb. Tapi prakna di umat mah, can kitu.
>
>
>
> 1.Kumaha Rakyat tiasa nyakolakeun putra-putrina.
>
>
>
> Program wajib belajar 9 tahun tos jalan. Biaya pendidikan gratis pikeun nu
> teu mampu nepi ka sarjana. Nu mampu mah nya kudu mayar, subsidi silang.
> Atawa pendidikan digratiskeun kabeh, danana di urus nagara kabeh. Timana
> nagara duitna? Ti pajeg nu teu dikorupsi.
>
> Asana, dina UUD 45 amandemen, Anggaran Pendidikan 20%. Mun prak mah, sigana
> bisa tah ngawaragadan sakola.
>
> atawa
>
> Pendidikan itu mahal cek batur. Enya, kusabab mahal, urus langsung ku
> nagara. Ulah dibebankeun ka rakyat. Cara meuli kapal selam atawa kapal induk
> atawa F 16 nu milyaran dollar, pan ku nagara langsung tina pajeg.
>
>
>
> 2.Kumaha masyarakat teu gering ( jaminan kasehatan)
>
>
>
> Pake sistem asuransi kasehatan nu dibayar ku kantor atawa tempat digawe.
> Sabab pagawe gering ngarugikeun pabrik atawa kantor tempat gawe. Nu di
> sektor informal diurus ku asosiasi. Askes eta kudu ngawengku oge kulawarga
> (anak jikan), sabab mun anak jikan gering, produktivitas bapa/salaki turun
> da mikiran anak jikan nu gering.
>
>
>
> 3.Kabutuhan rakyat sadidinten tercukupi.
>
> Sistim produksi-distribusi kudu dihadean.  Sawah teu meunang dirobah jadi
> pabrik. Mun dirobah jadi sawah, pihak pabrik kudu ngaganti nyieun sawah deui
> nu anyar legana dua kali lipet.  Pabrik bisa make make lahan kebon nu teu ka
> urus/lahan sare.
>
>
>
> 4.Aya harapan ka masa kapayun (Optimis).
>
> Nya ieu mah nyiptakeun kaayaan nu kondusif tea. Aturan kudu saklek.
> Pamarentah  jeung aparatna kudu jujur  transparan jeung teu feodal. Ganti
> paradigma, lain jadi bos, tapi jadi pelayan. Nu korupsi, geus puguh buktina,
> dihukum pisan. Hadean struktur gajih, teu PNS wungkul, tapi sadayana.
>
>
>
> Meureun ketang
>
> Urang gunungcupu cikoneng ciamis
>
>
>  ------------------------------
>
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ%20>
>
> 
>

Kirim email ke