Enya urang teh boga masahal sial nu Krusial. Sabenerna koncina mah geus aya dina ideologi nagara oge UUD 45. ngan hese wae bungkeuleukna. Komo mun nu ditoongna ajaran agama. Agama Islam berpihak ka rakyat leutik, nu sangsara jeung nu tertindas, yatim piatu, jsb. Tapi prakna di umat mah, can kitu.
1.Kumaha Rakyat tiasa nyakolakeun putra-putrina. Program wajib belajar 9 tahun tos jalan. Biaya pendidikan gratis pikeun nu teu mampu nepi ka sarjana. Nu mampu mah nya kudu mayar, subsidi silang. Atawa pendidikan digratiskeun kabeh, danana di urus nagara kabeh. Timana nagara duitna? Ti pajeg nu teu dikorupsi. Asana, dina UUD 45 amandemen, Anggaran Pendidikan 20%. Mun prak mah, sigana bisa tah ngawaragadan sakola. atawa Pendidikan itu mahal cek batur. Enya, kusabab mahal, urus langsung ku nagara. Ulah dibebankeun ka rakyat. Cara meuli kapal selam atawa kapal induk atawa F 16 nu milyaran dollar, pan ku nagara langsung tina pajeg. 2.Kumaha masyarakat teu gering ( jaminan kasehatan) Pake sistem asuransi kasehatan nu dibayar ku kantor atawa tempat digawe. Sabab pagawe gering ngarugikeun pabrik atawa kantor tempat gawe. Nu di sektor informal diurus ku asosiasi. Askes eta kudu ngawengku oge kulawarga (anak jikan), sabab mun anak jikan gering, produktivitas bapa/salaki turun da mikiran anak jikan nu gering. 3.Kabutuhan rakyat sadidinten tercukupi. Sistim produksi-distribusi kudu dihadean. Sawah teu meunang dirobah jadi pabrik. Mun dirobah jadi sawah, pihak pabrik kudu ngaganti nyieun sawah deui nu anyar legana dua kali lipet. Pabrik bisa make make lahan kebon nu teu ka urus/lahan sare. 4.Aya harapan ka masa kapayun (Optimis). Nya ieu mah nyiptakeun kaayaan nu kondusif tea. Aturan kudu saklek. Pamarentah jeung aparatna kudu jujur transparan jeung teu feodal. Ganti paradigma, lain jadi bos, tapi jadi pelayan. Nu korupsi, geus puguh buktina, dihukum pisan. Hadean struktur gajih, teu PNS wungkul, tapi sadayana. Meureun ketang Urang gunungcupu cikoneng ciamis _____ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try <http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8H DtDypao8Wcj9tAcJ%20> it now.

