--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Enya urang teh boga masahal sial nu Krusial.
> Sabenerna koncina mah geus aya
> dina ideologi nagara oge UUD 45. ngan hese wae
> bungkeuleukna. Komo mun nu
> ditoongna ajaran agama. Agama Islam berpihak ka
> rakyat leutik, nu sangsara
> jeung nu tertindas, yatim piatu, jsb. Tapi prakna di
> umat mah, can kitu.
Baheula teh pan, kokolot anu nyieun nagara, ngahaja
nyieun UUD 45, simpel,praktis, ngarah teu hese
ngalaksanakeunana.
Tapi, der wae "perang ideologi", aya nu hayang nganut
azas komunisme, agamaisme, jrrd. Nepi ka taun 1960 an
mah, jigana waktu beak pikeung "perang ideologi" eta.
atuh kasejahteraan rahayat teu kapalire.
>
>
> 1.Kumaha Rakyat tiasa nyakolakeun putra-putrina.
>
>
>
> Program wajib belajar 9 tahun tos jalan. Biaya
> pendidikan gratis pikeun nu
> teu mampu nepi ka sarjana. Nu mampu mah nya kudu
> mayar, subsidi silang.
> Atawa pendidikan digratiskeun kabeh, danana di urus
> nagara kabeh. Timana
> nagara duitna? Ti pajeg nu teu dikorupsi.
>
> Asana, dina UUD 45 amandemen, Anggaran Pendidikan
> 20%. Mun prak mah, sigana
> bisa tah ngawaragadan sakola.
>
> atawa
>
> Pendidikan itu mahal cek batur. Enya, kusabab mahal,
> urus langsung ku
> nagara. Ulah dibebankeun ka rakyat. Cara meuli kapal
> selam atawa kapal induk
> atawa F 16 nu milyaran dollar, pan ku nagara
> langsung tina pajeg.
Dina hal-hal prinsip, sakuduna mah pamarentah teh boga
kakawaasaan pikeun ngatur kapentingan rahayat sacara
mutlak, kayaning ngatur pendidikan ieu.
Tapi, jigana geus kabius, supaya peranan pamarentah
"dileutikan" salah sahijina ku cara ayana otonomi
daerah. Sok sanajan aya bukti otonomi daerah ieu aya
hasilna, diantarana aya sababaraha kabupaten anu bisa
nyejahterakeun rahayatna. Tapi kalolobaanana mah teu
hasil. Conto ekstrim, Kabupaten Kutai Kertanagara, anu
cenah ngabebaskeun SPP sakola nepi ka SMA, Tapi
korupsi bupatina leuwih gede alahmanan duit anu
dikucurkeun pikeun nyejahterakeun rahayatna.
> 2.Kumaha masyarakat teu gering ( jaminan kasehatan)
>
>
>
> Pake sistem asuransi kasehatan nu dibayar ku kantor
> atawa tempat digawe.
> Sabab pagawe gering ngarugikeun pabrik atawa kantor
> tempat gawe. Nu di
> sektor informal diurus ku asosiasi. Askes eta kudu
> ngawengku oge kulawarga
> (anak jikan), sabab mun anak jikan gering,
> produktivitas bapa/salaki turun
> da mikiran anak jikan nu gering.
Aya oge produk jaman Orba anu diatur sacara
sentralistik karasa hasilna, nyaeta dina widang
kasehatan. Ku ayana Posyandu nepi ka kampung-kampung
jeung program KB, teu aya beja barudak kakurangan
Gizi. ayeuna aya beja, tingkat kelahiran "tidak
terkendali", sabab dikampung-kampung euwueh deui
petugas KB.
>
>
> 3.Kabutuhan rakyat sadidinten tercukupi.
>
> Sistim produksi-distribusi kudu dihadean. Sawah teu
> meunang dirobah jadi
> pabrik. Mun dirobah jadi sawah, pihak pabrik kudu
> ngaganti nyieun sawah deui
> nu anyar legana dua kali lipet. Pabrik bisa make
> make lahan kebon nu teu ka
> urus/lahan sare.
Sistem kapitalis anu ngabalukarkeun mentingkeun
kauntungan saloba-lobana, bari jeung teu mikirkeun
akibatna. ayeuna kabuktian geuning "Global Warming",
salah sahiji kagorengan anu kudu dialaman ku sakabeh
rahayat dunia.
>
>
> 4.Aya harapan ka masa kapayun (Optimis).
>
> Nya ieu mah nyiptakeun kaayaan nu kondusif tea.
> Aturan kudu saklek.
> Pamarentah jeung aparatna kudu jujur transparan
> jeung teu feodal. Ganti
> paradigma, lain jadi bos, tapi jadi pelayan. Nu
> korupsi, geus puguh buktina,
> dihukum pisan. Hadean struktur gajih, teu PNS
> wungkul, tapi sadayana.
Enya kudu tetep, prinsip tata-kelola pamarentahan anu
bersih, di gedurkeun. Pangawasa teh kudu jadi
pembantuna rahayat, lain kudu dilayanan ku rahayat.
mrachmat uidipura
salah sahiji palayan masyarakat
____________________________________________________________________________________
Like movies? Here's a limited-time offer: Blockbuster Total Access for one
month at no cost.
http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text4.com