"Jay..." "Hmmm..." "Osok ngaroko keneh ?" "Nya osok ari aya mah.." "Mun euweuh mah henteu atuh nya ?" "Henteu naon ?" "Teu ngaroko !" "Ah angger we, euweuh roko mah nya meuli we.." "Mun teu boga duitna?" "Nya nganjuk we heula ka warung ceu Juju.." "Enya mun dibere nganjuk, mun henteu ?" "Mun henteu nya, menta we duitna ka maneh..." "Ih embung teuing mere duit keur didurukan" "Ah da teu ngadurukan duit uing mah, gelo sugan mah, duit didurukan" "Nya heueuh atuh, duitna dipake udud, ari udud apan diduruk, atuh sarua we jeung ngadurukan duit.." "Yeee ari maneh, atuh mun kitu mah nu meulian minyak tanah, nu meulian bengsin ge sarua jeung ngadurukan duit.." "Nya henteu atuh, da nu kitu mah geus puguh mangpaatna.." "Mangpaat keur saha ?" "Nya keur nu meuli-na atuh..!" "Ah, uing ge meulian udud teh apan matak mangpaat.." "Mangpaat keur saha ?" "Keur sasaha. mangpaat keur tukang roko, mangpaat keur pabrik roko, mangpaat keur pagawe pabrik roko, mangpaat keur tukang bako ..." "Ah, alesan tukang udud we eta mah..." "Ih lain alesan, da memang puguh kitu kanyataanana.." "Tapi Jay, maneh teh kudu inget, apan udud teh matak ngabalukarkeun loba panyakit.." "Ah ari panyakit mah lain tina udud wae, da nu tara udud ge loba nu panyakitan mah.." "Ih ari maneh, dibejaan teh sok keukeuh peuteukeuh.." "Lain keukeuh, da uing mah ngabejaan teh kanyataan.." "Yeuh Jay, numutkeun data ti WHO. apal teu WHO ? Organisasi Kasehatan Sadunya, yen udud teh pembunuh nomer hiji.." "Owh kitu ?" "Enya !" "Atuh sarua jeung Assasin udud teh nya ?" "Enya, jadi udud teh anu bisa nyababkeun maneh paeh !" "Haar ari maneh...jiga nu apal kana ajaran agama wae. Apan perkara paeh mah geus diatur ku Alloh, geus takdirna. Mun enya kudu paeh alatan udud, atuh mana kitu ge geus kuduna.." "Heueuh ari soal etana mah ..." "Yeuh Dul, paehna jelma mah bisa disababkeun ku hal-hal anu leutik.." "Contona ?" "Pan aya kacaritakeun jalma paeh alatan ku ngorong..!" "Maenya alatan ngorong wae bisa paeh?, kade atuh maneh ge apan beuki pisan kana ngorong !" "Enya, harita aya nu ngorong. saking ku konsentrasi ngorong, nyebrang jalan teu luak lieuk deui, atuh kageleng ku treuk.." "Ih, belegug pisan maneh mah...! Meugeus ah, ari tukang udud mah da loba pisan alesanana. Nya kumaha maneh we lah" "Nya geus atuh, kumaha uing we. Eh tapi Dul, maneh pan nyaho lin?" "Naon ?" "Apan peroko pasip teh leuwih bahaya tinimbang peroko aktipna, heueuh ?" "Enya, kunaon kitu ?" "Tah, daripada jadi peroko pasip, kumaha mun jadi peroko aktip wae ?" "Hhhhhh !!!"
-jay- --- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang H. Surtiwa, sanes ceuk "urang Islam" panginten > tapi ceuk "Islam", da ari urang Islam mah nu nganut > agama Islam, loba nu sok nenggak khamer jeung > sabangsana sanajan terangeun yen eta inuman teh haram. > Tah ari ceuk Islam mah rek saeutik atawa loba kitu > deui cenah dipake obat, tetep wae hukumna haram. > Punten kang he he he sanes hayam mapatahan ngojay ka > meri. > > Lamun aya jalma nu nyebutkeun teu bisa ngeureunan > ngaroko, ceuk kuring mah bohong. Lain teu bisa, teu > niat jeung teu aya patekadan ngeureunan. Kuring oge > baheulana "perokok berat", sapoe bisa 3 bungkus > jisamsu, wismilak, jarum, gudang garam. Tapi > alhamdulillah kuring niat eureun ti taun 1999 dugi ka > ayeuna, langsung eureun lain ku cara ngurangan > saeutik-saeutik, buktina bisa. Jadi koncina niat jeung > tekad. > > Baktos > > --- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > kade ah ti soledat.....teu sadayana anu ngaleguk > > khamer (ceuk urang Islam) > > teu sehat..teu sadaya anu nyikat khinzir oge teu > > sehat atawa sumber > > panyakit..Kedah dibentenkeun ajaran Islam sareng > > kaidah > > kasehatan...Bisi...ngaarana oge bisi..aya teknologi > > anyar atawa kumaha yen > > ngadahar khinzir bisa nambah sehat..terus ulah (kade > > omat) terus babi teh > > halal... > > > > On 4/15/08, ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Pangalaman kiring dina hal roko-perokoan, > > sainget kuring can pernah > > > nyedot roko anu aya bakoan, baheula pernah teh > > keur jaman aya abah keneh > > > keur sakola di SD, pernah nyobaan roko daun > > kawung, pait! teu ngeunah > > > deuih.... > > > kuring teu pernah ngaroko cigaret, sabab tisaprak > > inget kuring nempo bapa > > > gawena ngan ka dokter wae, meakkeun duit anu di > > ala, kusabab paru paruna > > > geus rusak alatan ngaroko!! ti mimiti harita > > kuring geus nga'azamkeun moal > > > arek nyoba ngaroko, alhamdulillah dugi tug danget > > ayeuna di tangtayungan ku > > > nu Kawasa..... > > > > > > kuirng sapuk pisan kana anu di serat ku Taufik > > Ismail, komo dina padalisah > > > iyeu sigana anu kedah diemutan sing teleb > > teh........... > > > > > > 25 penyakit ada dalam khamr. Khamr diharamkan. > > > 15 penyakit ada dalam daging khinzir (babi). > > Daging khinzir > > > diharamkan. > > > 4000 zat kimia beracun ada pada sebatang rokok. > > Patutnya rokok > > > diapakan? > > > > > > baktos, > > > > > > ikmal

