Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu
ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta
metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga
elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng. 

 

ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik
misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui
di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha  sunyaragi aya tempat
siga di guha  pamijahan.  Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta
pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat!

 

Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua
cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.

Kirim email ke