Ana kitu mah geuningan pilem "JUMPER" teh atuh ngomongkeun karuhun urang nya ?!
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Upama enya elmu teh
diagem ku para karuhun. Tetela geuning karuhun
urang teh 'individualis' pisan. Kaciri dina mangsa manehna
indit-inditan, jiga teu hayang ngajak dulr komo batur mah, cukup ku
manehna we ngagandeuang indit nyupiran sorangan. Jigana 'balageur'
keneh karuhun urang kulon, manehna mah upama indit-inditan teh, tara
poho ngajak batur, jeung lain saeutik deuih batur nyabana teh, nepi ka
bisa sakampung dikerid dibawa hiber.
salam,
mh
On Thu, Apr 17, 2008 at 7:11 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu
> ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta
> metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga
> elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng.
>
> ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik
> misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui
> di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha sunyaragi aya tempat
> siga di guha pamijahan. Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta
> pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat!
>
> Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua
> cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com