siga di pilem "JUMPER" meureun nya mang... sonirosa www.bolotot.com
----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Friday, April 18, 2008 9:11 AM Subject: [Urang Sunda] ras clok Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng. ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha sunyaragi aya tempat siga di guha pamijahan. Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat! Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.

