Upama enya elmu teh diagem ku para karuhun. Tetela geuning karuhun urang teh 'individualis' pisan. Kaciri dina mangsa manehna indit-inditan, jiga teu hayang ngajak dulr komo batur mah, cukup ku manehna we ngagandeuang indit nyupiran sorangan. Jigana 'balageur' keneh karuhun urang kulon, manehna mah upama indit-inditan teh, tara poho ngajak batur, jeung lain saeutik deuih batur nyabana teh, nepi ka bisa sakampung dikerid dibawa hiber.
salam, mh On Thu, Apr 17, 2008 at 7:11 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu > ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta > metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga > elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng. > > ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik > misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui > di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha sunyaragi aya tempat > siga di guha pamijahan. Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta > pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat! > > Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua > cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.

