tapi eta ge da nembe cenah....

ah ari masalah individualis mah tos teu aneh atuh, cik tingali nu
arangkat haji nu dugi kal langkung ti sakali, ari tatanggana mah
tisuksruk tidungdung nyiar pidahareun oge..

salam.

dikdik

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upama enya elmu teh diagem ku para karuhun. Tetela geuning karuhun
> urang teh 'individualis' pisan. Kaciri dina mangsa manehna
> indit-inditan, jiga teu hayang ngajak dulr komo batur mah, cukup ku
> manehna we ngagandeuang indit nyupiran sorangan. Jigana 'balageur'
> keneh karuhun urang kulon, manehna mah upama indit-inditan teh, tara
> poho ngajak batur, jeung lain saeutik deuih batur nyabana teh, nepi ka
> bisa sakampung dikerid dibawa hiber.
> 
> salam,
> mh
> 
> On Thu, Apr 17, 2008 at 7:11 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu
> > ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta
> > metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa
kyai, baroga
> > elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu
diimpleng.
> >
> > ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik
> > misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya
aya deui
> > di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha  sunyaragi aya
tempat
> > siga di guha  pamijahan.  Dinding dekok nu make plang mekkah.
Sigaan eta
> > pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek
mah. Hebat!
> >
> > Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH
Mustapa, sarua
> > cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.
>


Kirim email ke