Punten jadi ateul hoyong ulubiung yeuh,

Kuring satuju pisan sareng pangangken saderek Tessar Wardhana dina perkawis
aqidah, tapi oge kuring satuju pisan dina pangangken pa Waluya dina perkawis
muamalah.

Sakanyaho kuring perkara Ahmadiyyah, kabeneran pisan kuring remen nyengcle
dina program Tv international Ahmadiyyah anu disebut MTA International,
netelakeun rehna Ahmadiyyah kaasup ajaran anu cacad tina sagemblengna
ka-Islam-an. Atuh sabatae mun urang anu geus ngaku boh sacara sadar atawa
doktrin ti leleutik kana Islam kaasup kanyaho anu leuwih jero perkara elmu
Islam bakal ngarasa gereget, ngarasa diwewejet "harga diri" mangrupa aqidah
anu geus ngadarah daging dina diri urang, bujeng-bujeng urang anu geus
jebrog, dalah benceuh anu kakarek sakola SMP ogenan geus apal kana perkara
dalil dasar khusus kana urusan tauhid uluhiyyah jeung rububiyyahna, komo
perkara asma wal sifat mah geuning ti sakola SD oge geus remen bari
dinyanyikeun sagala rupa..

 

Keun kuring nyoba nata-an naon pangna Ahmadiyyah tepika rame jadi paguneman
ka ayeunakeun. Sakumaha urang tos arapal sajarah mucunghulna Ahmadiyyah,
dina prakprakana geuning Ahmadiyyah teh salian ti rada mengpar tina urusan
sakumaha anu agem ku urang ayeuna, oge anu matak pikahariwangeuna teh nyaeta
tekad jeung cita-citana anu hayang nga "Ahmadiyyah"-keun rahayat Indonesia,
masih inget teu basa Hadzrat Masih Mau'ud IV (samacam khalifah-na
Ahmadiyyah) nganjang taun 2000-an ka Indonesia? Apanan matak panas ceuli,
ceunah mah, dina taun sakian sakian, pasti Indonesia bakal jadi nagara anu
ngagem Ahmadiyyah terbesar sa dunya!!!, apan tong boro katepi tah cita-cita
teh, ayeuna oge ngadon di burak barik ku MUI jeung pamarentah, enya diburak
barik soteh perkara ngahalangan paniatan nga-Ahmadiyyahkeun rahayat
Indonesia, keun da ari silih hancurkeun dipihak handapmah eta lain deui
urusan, etamah geus urusan criminal anu kudu diserenkeun kanu berwajib.

Kuring masih inget keneh harita taun 2005, pupuhu JAI (Jamaah Ahmadiyyah
Indonesia) nyaeta Maulana Abdul Basit (di rengrengan Ahmadiyyah mah sok
nelah ku kecap maulana ka para "ustadz"-na teh), netelakeun perkara nabi
panutup, yen nabi panutup teh lain Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam,
tapi nya eta tah Mirza anu jadi nabi maranehna tea, manehna bari pinuh ku
kayakinan netelakeun perkara anu disebut "khatamanNabiyyin"-teh lain
diartikeun pamungkas/panutup para nabi, tapi kecap khatam bisa wae
diartikeun "cincin" alias lelepen, sedengkeun ari lelepen apan buleud eweuh
tungtungna, ceunah tah ceuk Abdul Basit, anaolgi khatam bisa dipraktekkeun
dina perkara dares/maca Qur'an, apanan lamun hiji jelema nugtrug maca Qur'an
ti mimiti alFatihah tepika panutup surah anNaas lain hartina peun ereun
tepika dinya kusabab geus "khatam" meresan maca Qur'an, apanan isuk geto oge
bakal balik deui maca Qur'an-na ti mimiti, tah kitu deui perkara
khatamanNabiyyin oge kitu pisan lalampahana teh, jadi nabi Muhammad teh lain
nabi pamungkas,  tapi bisa balik deui saperti jamanna nabi Adam, tah kitu
pisan pangakuan Abdul Basit harita, nyaritana meni ilmiyyah pisan dibarung
ku ayat-ayat alQur'an anu norolang kaluar tina otakna.

Seug teh ieu caritaan Abdul Basit kadawuh jeung katarima ku jalma anu deet
elmu ageman Islam, kuring mah yakin 90 persen jalma (anu kurang elmu) bakah
manggut percaya kitu bae kana caritaan Abdul Basit ieu, anu antukna moal
bireuk tah, bakal ngabring pa untuy-untuy jalma kataji jeung kagembang ku
ajaran ieu..   

Terus terang harita kuring tepika ciciduh harepeun TV, untung weh eweuh
jalma harepeun kuring, da lamun aya mah tinangtu bakal kaciduhan.. Kuring
ngan ukur ngagerendeng, deuh ieung kumaha mun anak incu kuring kabengbat ku
cacarita jarian siga kieu, mereun kuring bakal dipeta tanggung jawab,
jaga!!!

 

Sanggeus kitu, anyar keneh Abdul Basit di ondang dina hiji forum, netelakeun
"ceunah" Abdul Basit "ngaralat" memeres pernyataan baheula, manehna ngaku
yen Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam teh nabi jeung rasul panungtung,
moal aya deui nabi sabada Muhammad, sedengkeun Mirza Ghulam Ahmad dijadikeun
guru, mursyid keur tauladan manehna, ceunah deui netelakeun ti saprak harita
Ahmadiyyah moal misahkeun diri deui jadi ummat "eksklusif" anu beda ti Islam
umumna, bakal ngabaur ngajadi hiji.

Ah..asa pamohalan yeuh, maenya dua taun katukang manehna meni tetenjrag
ngabusungkeun dada yen Aya nabi sanggeus Muhammad shallallahu 'alayhi wa
sallam, tapi ayeuna roba saratus dalapan puluh darajat KUSABAB beja nerekab
bakal aya larangan Ahmadiyyah di Indonesia, lain etateh anu disebut Agama
plin plan??? Maenya pamimpin tepika robah pamadegan, jeung deuih salah
posisi, ngarobahna dina posisi kadeseh..

Masih dina Tv anu sarua (MTA, kabeneran kuring bari nulis ieu ge bari lalajo
MTA, tapi pas bagian program basa urdu jadi teu ngarti yeuh kuring J),
sataun katukang, aya hiji ibu-ibu mangkuk di daerah banten (punten ka urang
Banten, da kuring ge kungsi mangtaun taun di dinya, dagang hui J) kapeto
diwawancara dina acara nu aya patalina jeung perkara kayakinan Ahmadiyyah,
eta si ibu cacarita meni lempeng taya aling-aling, manehna ceunah pangna
pindah tina Islam baheula ka Ahmadiyyah kusabab aya ilapat tina ngimpi, dina
impian ceunah sa wilayah Banten di tarajang tsunami, ampir lantis sakabeh
daratan Banten ka sapu ku tsunami, tapi (ceunah) ku perkara anu dadak
sakala, manehna aya nu nulungan ku nu ghaib tepika salametna, kocap
kacarita, manehna "ngadu bako" jeung si nu ghaib tea, anu nyimpulkeun yen
ajaran anu lempeng teh nyaeta Ahmadiyyah, teu antaparah deui sababaraha poe
ti harita si ibu langsung jadi anggota Ahmadiyyah sajati.

Keun dina perkara urusan ghaib ghaib kitu, etamah kembang sare, nu jadi
kuring kekerot, dina palebah si ibu nyarita kieu: "Dengan Ahmadiyyah, saya
merasa tenang dan damai, baru lalu saya Alhamdulillah dapat melaksanakan
haji di Makkah, dan sebagai umat Ahmadiyyah TENTU SAJA SAYA TIDAK PERNAH
IKUT SHALAT BERSAMA IMAM MAKKAH, saya hanya melakukan shalat setelah mereka
(maksudna jalma2 anu shalat kaasup imam Makkah anu kasohor tea)
melakukannya. Sok, pama urang jelema normal tur sahenteuna boga elmu najan
saeutik kana ka Islam-an urang, naha teu nyeri hate ku omongan si ibu eta?,
jeung saenyana apanan si ibu teh lain saomong omongna, apanan Ahmadiyyah mah
kakoncara kaumna kaum eksklusif, nyaeta kaum anu moal baur jeung Islam
umumna, Ahmadiyyah WAJIB jadi imam ummat Islam, Ahmadiyyah DILARANG jeung
dipahing pisan jadi ma'mum jamaah Islam sejen, kusabab Ahmadiyyah ngaku yen
manehna anu boga hak pikeun nangtukeun sagalana, nya Ahmadiyyah anu nyebut
yen urang-urang teh sesat!!!

Ahmadiyyah boga cara sorangan pikeun meuli kavling sawarga, pan ari urang
mah meuli sawarga teh ku amal urang anu payus jeung tuntunan anu bener, tapi
ahmadiyyah mah beneran meuli sawarga teh ku duit, sok  geura ka para mualim
anu kahot dina masalah ieu tanyakeun..

Ahmadiyyah mah siga (punten) agama non Islam, anu ngawajibkeun motong 10
persen tina panghasilan bulanan urang, anu ngawajibkeun meuli kaveling
sawarga ku duit.

 

Perkara nu sejen, ieu anu ku kuring bener-bener jadi kahariwang, Ahmadiyyah
teu siga urang, pan ari Islam mah kakoncara perkara "lakum diinukum wa
liyadiin" anu dikuatkeun ku ayat "laa iqraha fidDiin", teu maksa mirosa
perkara asup ka Islam, tapi mun aya niat nya bagea teuing. Tapi
Ahmadiyyahmah apanan aya kesan maksa, aya hiji kajadian, si ustadz (ti pihak
urang) nyieun artikel dina salah sahiji Koran, ana kurunyung datang surat ti
organisasi Ahmadiyyah netelakeun supaya manehna (si ustadz eta) ngarobah
ageman jadi jamaah Ahmadiyyah, heeuh mun ka kuring mah moal dihaminan,
apanan ieumah maksa mirusa (sanajan ukur surat ajakan) ka ustadz anu
kakoncara luhung elmu agaman.pan jadi hayang seuri.

Ku kituna, kuring bener2 ngarasa hariwang, hususon ka dulur-dulur kuring sa
nini sa uyut, atuh umumna ka sakumna ummat Islam, prak geura laksanakeun
Islam anu sabener-benerna, tolab elmu anu lempeng, ulah mirosea perkara nu
teu kaharti ku akal, mereun dina inyana Allah Ta'ala maparinan kabagjaan
mangrupa kanikmatan dina hirup huripna jaga, urang baris ruing mungpulung
deui, mereun bisa maen milis deui diditu kalayan barakah, perkara ditariman
henteuna urang dipayuneun Allah, ah apan geus natrat tidituna pangajaran anu
jentre anu di dugikeun ku rasul urang Muhammad shallallahu 'alayhi wa
sallam, perkara ditarima henteuna, wallahu a'lamu, nu jelas urang geus
satuhu teu tambelar ka Nu Maha Kawasa.

 

Hanca..

 

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Waluya
Sent: Tuesday, April 22, 2008 4:35 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] kultus ala india

 

> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]
<mailto:tessartea%40yahoo.com> >
> Lain soal ngarugikeun jeung nguntungkeun ceuk kuring
> mah! soal kahormatan Aqidah Islam nu wajib dibela ku
> nu ngaku Muslim.

Ah eta mah mangga wae, kumaha kang Tessar. Kuring mah simpati ka jelema nu 
ditandasa jeung dikakaya. Tempat ibadahna dibaledogan, imahna dirusak. Di 
Lombok malah tepi ka ngarungsi, teu boga tempak keur nganjrek. Malah aya nu 
ngahalalkeun getihna. Kuring oge Muslim, lain Akhamdyah, tapi kuring mah 
moal ngiluan, teu asup kana rasa kamanusaan kuring .......

Baktos,
WALUYA 

 

__________ NOD32 3046 (20080422) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com

Kirim email ke