Kang,
Alhamdulillah ceuk kuring mah meni nyerep...lantif, ..JELAS
Tapi sigana Kang, tujuan Ahmadiyah bakal kalaksanakeun..geuning tong jaga2
teuing, ayeuna oge loba jalma nu simpati, loba jalma nu ngabela, loba jalma nu
geus kasurupan.
Tong jauh2 kang, di millist ieu oge geuning jadi rame....aya nu ngabela aya
nu mupuas, aya nu.....wah lain-lain pamadegan na. Abong jalma mawa akal jeung
pikiran masing-masing.kabeh sarua ngarasa bener, termasuk kuring.
Tah didieu na lamun akal urang euweuh erem, tangtu bakal
tatarabas.....sedengkeun erem urang teh AQ jeung AH eta. (geus puguh hadist mah
loba nu dipalsukeun..). Tapi urnag kudu percaya Alquran bakal disalametkeun
nepi ka datangna kiamat.
Balik deui ka nu ngabela ahmadiyah, Tuh tingali di Cirebon dugi ka NU
ngerahkeun banser.....Sok inggis gusdur mahanan panser yeuh...
Muhammadiyah ngerahkeun Anshor moal nya??? mudah2an tong kabawa ku
kasakaba-kaba...
Mun geus kieu perang campuh sigana.....si Durjana seuri ngagak-gak....ti
belah kulon....
"Berhasil...! berhasil...! .....cenah. Islam di wewejet......! deudeuh anak
incu urang jaga. bulu punduk muriding, kumaha nasib anak incu, naha masih
panceg dina aqidah nu bener nya...
Mugia disalametkeun ya ALlah...amiin.....
Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten jadi ateul hoyong ulubiung yeuh,
Kuring satuju pisan sareng pangangken saderek Tessar Wardhana dina perkawis
aqidah, tapi oge kuring satuju pisan dina pangangken pa Waluya dina perkawis
muamalah.
Sakanyaho kuring perkara Ahmadiyyah, kabeneran pisan kuring remen nyengcle
dina program Tv international Ahmadiyyah anu disebut MTA International,
netelakeun rehna Ahmadiyyah kaasup ajaran anu cacad tina sagemblengna
ka-Islam-an. Atuh sabatae mun urang anu geus ngaku boh sacara sadar atawa
doktrin ti leleutik kana Islam kaasup kanyaho anu leuwih jero perkara elmu
Islam bakal ngarasa gereget, ngarasa diwewejet harga diri mangrupa aqidah anu
geus ngadarah daging dina diri urang, bujeng-bujeng urang anu geus jebrog,
dalah benceuh anu kakarek sakola SMP ogenan geus apal kana perkara dalil dasar
khusus kana urusan tauhid uluhiyyah jeung rububiyyahna, komo perkara asma wal
sifat mah geuning ti sakola SD oge geus remen bari dinyanyikeun sagala rupa
.
Keun kuring nyoba nata-an naon pangna Ahmadiyyah tepika rame jadi paguneman
ka ayeunakeun. Sakumaha urang tos arapal sajarah mucunghulna Ahmadiyyah, dina
prakprakana geuning Ahmadiyyah teh salian ti rada mengpar tina urusan sakumaha
anu agem ku urang ayeuna, oge anu matak pikahariwangeuna teh nyaeta tekad jeung
cita-citana anu hayang nga Ahmadiyyah-keun rahayat Indonesia, masih inget teu
basa Hadzrat Masih Mauud IV (samacam khalifah-na Ahmadiyyah) nganjang taun
2000-an ka Indonesia? Apanan matak panas ceuli, ceunah mah, dina taun sakian
sakian, pasti Indonesia bakal jadi nagara anu ngagem Ahmadiyyah terbesar sa
dunya!!!, apan tong boro katepi tah cita-cita teh, ayeuna oge ngadon di burak
barik ku MUI jeung pamarentah, enya diburak barik soteh perkara ngahalangan
paniatan nga-Ahmadiyyahkeun rahayat Indonesia, keun da ari silih hancurkeun
dipihak handapmah eta lain deui urusan, etamah geus urusan criminal anu kudu
diserenkeun kanu berwajib.
Kuring masih inget keneh harita taun 2005, pupuhu JAI (Jamaah Ahmadiyyah
Indonesia) nyaeta Maulana Abdul Basit (di rengrengan Ahmadiyyah mah sok nelah
ku kecap maulana ka para ustadz-na teh), netelakeun perkara nabi panutup, yen
nabi panutup teh lain Muhammad shallallahu alayhi wa sallam, tapi nya eta tah
Mirza anu jadi nabi maranehna tea, manehna bari pinuh ku kayakinan netelakeun
perkara anu disebut khatamanNabiyyin-teh lain diartikeun pamungkas/panutup
para nabi, tapi kecap khatam bisa wae diartikeun cincin alias lelepen,
sedengkeun ari lelepen apan buleud eweuh tungtungna, ceunah tah ceuk Abdul
Basit, anaolgi khatam bisa dipraktekkeun dina perkara dares/maca Quran, apanan
lamun hiji jelema nugtrug maca Quran ti mimiti alFatihah tepika panutup surah
anNaas lain hartina peun ereun tepika dinya kusabab geus khatam meresan maca
Quran, apanan isuk geto oge bakal balik deui maca Quran-na ti mimiti, tah
kitu deui perkara khatamanNabiyyin oge kitu pisan
lalampahana teh, jadi nabi Muhammad teh lain nabi pamungkas, tapi bisa balik
deui saperti jamanna nabi Adam, tah kitu pisan pangakuan Abdul Basit harita,
nyaritana meni ilmiyyah pisan dibarung ku ayat-ayat alQuran anu norolang
kaluar tina otakna.
Seug teh ieu caritaan Abdul Basit kadawuh jeung katarima ku jalma anu deet
elmu ageman Islam, kuring mah yakin 90 persen jalma (anu kurang elmu) bakah
manggut percaya kitu bae kana caritaan Abdul Basit ieu, anu antukna moal bireuk
tah, bakal ngabring pa untuy-untuy jalma kataji jeung kagembang ku ajaran ieu
.
Terus terang harita kuring tepika ciciduh harepeun TV, untung weh eweuh jalma
harepeun kuring, da lamun aya mah tinangtu bakal kaciduhan
. Kuring ngan ukur
ngagerendeng, deuh ieung kumaha mun anak incu kuring kabengbat ku cacarita
jarian siga kieu, mereun kuring bakal dipeta tanggung jawab, jaga!!!
Sanggeus kitu, anyar keneh Abdul Basit di ondang dina hiji forum, netelakeun
ceunah Abdul Basit ngaralat memeres pernyataan baheula, manehna ngaku yen
Muhammad shallallahu alayhi wa sallam teh nabi jeung rasul panungtung, moal
aya deui nabi sabada Muhammad, sedengkeun Mirza Ghulam Ahmad dijadikeun guru,
mursyid keur tauladan manehna, ceunah deui netelakeun ti saprak harita
Ahmadiyyah moal misahkeun diri deui jadi ummat eksklusif anu beda ti Islam
umumna, bakal ngabaur ngajadi hiji.
Ah
asa pamohalan yeuh, maenya dua taun katukang manehna meni tetenjrag
ngabusungkeun dada yen Aya nabi sanggeus Muhammad shallallahu alayhi wa
sallam, tapi ayeuna roba saratus dalapan puluh darajat KUSABAB beja nerekab
bakal aya larangan Ahmadiyyah di Indonesia, lain etateh anu disebut Agama plin
plan??? Maenya pamimpin tepika robah pamadegan, jeung deuih salah posisi,
ngarobahna dina posisi kadeseh
.
Masih dina Tv anu sarua (MTA, kabeneran kuring bari nulis ieu ge bari lalajo
MTA, tapi pas bagian program basa urdu jadi teu ngarti yeuh kuring J), sataun
katukang, aya hiji ibu-ibu mangkuk di daerah banten (punten ka urang Banten, da
kuring ge kungsi mangtaun taun di dinya, dagang hui J) kapeto diwawancara dina
acara nu aya patalina jeung perkara kayakinan Ahmadiyyah, eta si ibu cacarita
meni lempeng taya aling-aling, manehna ceunah pangna pindah tina Islam baheula
ka Ahmadiyyah kusabab aya ilapat tina ngimpi, dina impian ceunah sa wilayah
Banten di tarajang tsunami, ampir lantis sakabeh daratan Banten ka sapu ku
tsunami, tapi (ceunah) ku perkara anu dadak sakala, manehna aya nu nulungan ku
nu ghaib tepika salametna, kocap kacarita, manehna ngadu bako jeung si nu
ghaib tea, anu nyimpulkeun yen ajaran anu lempeng teh nyaeta Ahmadiyyah, teu
antaparah deui sababaraha poe ti harita si ibu langsung jadi anggota Ahmadiyyah
sajati.
Keun dina perkara urusan ghaib ghaib kitu, etamah kembang sare, nu jadi
kuring kekerot, dina palebah si ibu nyarita kieu: Dengan Ahmadiyyah, saya
merasa tenang dan damai, baru lalu saya Alhamdulillah dapat melaksanakan haji
di Makkah, dan sebagai umat Ahmadiyyah TENTU SAJA SAYA TIDAK PERNAH IKUT SHALAT
BERSAMA IMAM MAKKAH, saya hanya melakukan shalat setelah mereka (maksudna
jalma2 anu shalat kaasup imam Makkah anu kasohor tea) melakukannya. Sok, pama
urang jelema normal tur sahenteuna boga elmu najan saeutik kana ka Islam-an
urang, naha teu nyeri hate ku omongan si ibu eta?, jeung saenyana apanan si ibu
teh lain saomong omongna, apanan Ahmadiyyah mah kakoncara kaumna kaum
eksklusif, nyaeta kaum anu moal baur jeung Islam umumna, Ahmadiyyah WAJIB jadi
imam ummat Islam, Ahmadiyyah DILARANG jeung dipahing pisan jadi mamum jamaah
Islam sejen, kusabab Ahmadiyyah ngaku yen manehna anu boga hak pikeun
nangtukeun sagalana, nya Ahmadiyyah anu nyebut yen urang-urang teh sesat!!!
Ahmadiyyah boga cara sorangan pikeun meuli kavling sawarga, pan ari urang mah
meuli sawarga teh ku amal urang anu payus jeung tuntunan anu bener, tapi
ahmadiyyah mah beneran meuli sawarga teh ku duit, sok geura ka para mualim anu
kahot dina masalah ieu tanyakeun
.
Ahmadiyyah mah siga (punten) agama non Islam, anu ngawajibkeun motong 10
persen tina panghasilan bulanan urang, anu ngawajibkeun meuli kaveling sawarga
ku duit.
Perkara nu sejen, ieu anu ku kuring bener-bener jadi kahariwang, Ahmadiyyah
teu siga urang, pan ari Islam mah kakoncara perkara lakum diinukum wa
liyadiin anu dikuatkeun ku ayat laa iqraha fidDiin, teu maksa mirosa perkara
asup ka Islam, tapi mun aya niat nya bagea teuing. Tapi Ahmadiyyahmah apanan
aya kesan maksa, aya hiji kajadian, si ustadz (ti pihak urang) nyieun artikel
dina salah sahiji Koran, ana kurunyung datang surat ti organisasi Ahmadiyyah
netelakeun supaya manehna (si ustadz eta) ngarobah ageman jadi jamaah
Ahmadiyyah, heeuh mun ka kuring mah moal dihaminan, apanan ieumah maksa mirusa
(sanajan ukur surat ajakan) ka ustadz anu kakoncara luhung elmu agaman
pan jadi
hayang seuri
Ku kituna, kuring bener2 ngarasa hariwang, hususon ka dulur-dulur kuring sa
nini sa uyut, atuh umumna ka sakumna ummat Islam, prak geura laksanakeun Islam
anu sabener-benerna, tolab elmu anu lempeng, ulah mirosea perkara nu teu
kaharti ku akal, mereun dina inyana Allah Taala maparinan kabagjaan mangrupa
kanikmatan dina hirup huripna jaga, urang baris ruing mungpulung deui, mereun
bisa maen milis deui diditu kalayan barakah, perkara ditariman henteuna urang
dipayuneun Allah, ah apan geus natrat tidituna pangajaran anu jentre anu di
dugikeun ku rasul urang Muhammad shallallahu alayhi wa sallam, perkara
ditarima henteuna, wallahu alamu, nu jelas urang geus satuhu teu tambelar ka
Nu Maha Kawasa.
Hanca
.
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
Waluya
Sent: Tuesday, April 22, 2008 4:35 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] kultus ala india
> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> Lain soal ngarugikeun jeung nguntungkeun ceuk kuring
> mah! soal kahormatan Aqidah Islam nu wajib dibela ku
> nu ngaku Muslim.
Ah eta mah mangga wae, kumaha kang Tessar. Kuring mah simpati ka jelema nu
ditandasa jeung dikakaya. Tempat ibadahna dibaledogan, imahna dirusak. Di
Lombok malah tepi ka ngarungsi, teu boga tempak keur nganjrek. Malah aya nu
ngahalalkeun getihna. Kuring oge Muslim, lain Akhamdyah, tapi kuring mah
moal ngiluan, teu asup kana rasa kamanusaan kuring .......
Baktos,
WALUYA
__________ NOD32 3046 (20080422) Information __________
This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.