Nyungkeun pang nerangkeun ka nu araya di dieu , naha unggal aya kariweuhan pasti nunjuk na teh mun teu si amerika si yahudi atawa si inggris, urang kulon cenah mah ,
Ku sabab kuring boga babaturan sapagawean urang inggris aya, urang amerika aya, da geus wawuh lila kuring wani wani nanya ka manehna naha nyaan ceuceub ka islam ti borojol keneh Naon jawab manehna , I don't give a shit about that matter, nu ku kuring di pikiran mah nyiar dunya cenah Naha urang islam ngarasa jadi objek wae, tsunami aceh- amerika , bom bali- amerika, sibuk riweuh nyalahkeun batur tepikeun usaha "memperbaiki diri" teu kaurus, Unggal taun 30 rebu maot di jalan raya, (sigana mah amerika oge anu nyiun teknologhi mobil) di antep, sakola runtuh cicing wae.nu baramaen beuki loba, demam berdarah unggal taun loba wae korbana, sigana reungit amerika oge nu nyieun demam berdarah Lieur ah jadi teu nyambung Kun2 _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dadi Kurniadi Sent: Wednesday, April 23, 2008 5:40 PM To: [email protected] Subject: RE: [Urang Sunda] kultus ala india Kang, Alhamdulillah ceuk kuring mah meni nyerep...lantif, ..JELAS Tapi sigana Kang, tujuan Ahmadiyah bakal kalaksanakeun..geuning tong jaga2 teuing, ayeuna oge loba jalma nu simpati, loba jalma nu ngabela, loba jalma nu geus kasurupan. Tong jauh2 kang, di millist ieu oge geuning jadi rame....aya nu ngabela aya nu mupuas, aya nu.....wah lain-lain pamadegan na. Abong jalma mawa akal jeung pikiran masing-masing.kabeh sarua ngarasa bener, termasuk kuring. Tah didieu na lamun akal urang euweuh erem, tangtu bakal tatarabas.....sedengkeun erem urang teh AQ jeung AH eta. (geus puguh hadist mah loba nu dipalsukeun..). Tapi urnag kudu percaya Alquran bakal disalametkeun nepi ka datangna kiamat. Balik deui ka nu ngabela ahmadiyah, Tuh tingali di Cirebon dugi ka NU ngerahkeun banser.....Sok inggis gusdur mahanan panser yeuh... Muhammadiyah ngerahkeun Anshor moal nya??? mudah2an tong kabawa ku kasakaba-kaba... Mun geus kieu perang campuh sigana.....si Durjana seuri ngagak-gak....ti belah kulon.... "Berhasil...! berhasil...! .....cenah. Islam di wewejet......! deudeuh anak incu urang jaga. bulu punduk muriding, kumaha nasib anak incu, naha masih panceg dina aqidah nu bener nya... Mugia disalametkeun ya ALlah...amiin..... Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten jadi ateul hoyong ulubiung yeuh, Kuring satuju pisan sareng pangangken saderek Tessar Wardhana dina perkawis aqidah, tapi oge kuring satuju pisan dina pangangken pa Waluya dina perkawis muamalah. Sakanyaho kuring perkara Ahmadiyyah, kabeneran pisan kuring remen nyengcle dina program Tv international Ahmadiyyah anu disebut MTA International, netelakeun rehna Ahmadiyyah kaasup ajaran anu cacad tina sagemblengna ka-Islam-an. Atuh sabatae mun urang anu geus ngaku boh sacara sadar atawa doktrin ti leleutik kana Islam kaasup kanyaho anu leuwih jero perkara elmu Islam bakal ngarasa gereget, ngarasa diwewejet "harga diri" mangrupa aqidah anu geus ngadarah daging dina diri urang, bujeng-bujeng urang anu geus jebrog, dalah benceuh anu kakarek sakola SMP ogenan geus apal kana perkara dalil dasar khusus kana urusan tauhid uluhiyyah jeung rububiyyahna, komo perkara asma wal sifat mah geuning ti sakola SD oge geus remen bari dinyanyikeun sagala rupa.. Keun kuring nyoba nata-an naon pangna Ahmadiyyah tepika rame jadi paguneman ka ayeunakeun. Sakumaha urang tos arapal sajarah mucunghulna Ahmadiyyah, dina prakprakana geuning Ahmadiyyah teh salian ti rada mengpar tina urusan sakumaha anu agem ku urang ayeuna, oge anu matak pikahariwangeuna teh nyaeta tekad jeung cita-citana anu hayang nga "Ahmadiyyah"-keun rahayat Indonesia, masih inget teu basa Hadzrat Masih Mau'ud IV (samacam khalifah-na Ahmadiyyah) nganjang taun 2000-an ka Indonesia? Apanan matak panas ceuli, ceunah mah, dina taun sakian sakian, pasti Indonesia bakal jadi nagara anu ngagem Ahmadiyyah terbesar sa dunya!!!, apan tong boro katepi tah cita-cita teh, ayeuna oge ngadon di burak barik ku MUI jeung pamarentah, enya diburak barik soteh perkara ngahalangan paniatan nga-Ahmadiyyahkeun rahayat Indonesia, keun da ari silih hancurkeun dipihak handapmah eta lain deui urusan, etamah geus urusan criminal anu kudu diserenkeun kanu berwajib. Kuring masih inget keneh harita taun 2005, pupuhu JAI (Jamaah Ahmadiyyah Indonesia) nyaeta Maulana Abdul Basit (di rengrengan Ahmadiyyah mah sok nelah ku kecap maulana ka para "ustadz"-na teh), netelakeun perkara nabi panutup, yen nabi panutup teh lain Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam, tapi nya eta tah Mirza anu jadi nabi maranehna tea, manehna bari pinuh ku kayakinan netelakeun perkara anu disebut "khatamanNabiyyin"-teh lain diartikeun pamungkas/panutup para nabi, tapi kecap khatam bisa wae diartikeun "cincin" alias lelepen, sedengkeun ari lelepen apan buleud eweuh tungtungna, ceunah tah ceuk Abdul Basit, anaolgi khatam bisa dipraktekkeun dina perkara dares/maca Qur'an, apanan lamun hiji jelema nugtrug maca Qur'an ti mimiti alFatihah tepika panutup surah anNaas lain hartina peun ereun tepika dinya kusabab geus "khatam" meresan maca Qur'an, apanan isuk geto oge bakal balik deui maca Qur'an-na ti mimiti, tah kitu deui perkara khatamanNabiyyin oge kitu pisan lalampahana teh, jadi nabi Muhammad teh lain nabi pamungkas, tapi bisa balik deui saperti jamanna nabi Adam, tah kitu pisan pangakuan Abdul Basit harita, nyaritana meni ilmiyyah pisan dibarung ku ayat-ayat alQur'an anu norolang kaluar tina otakna. Seug teh ieu caritaan Abdul Basit kadawuh jeung katarima ku jalma anu deet elmu ageman Islam, kuring mah yakin 90 persen jalma (anu kurang elmu) bakah manggut percaya kitu bae kana caritaan Abdul Basit ieu, anu antukna moal bireuk tah, bakal ngabring pa untuy-untuy jalma kataji jeung kagembang ku ajaran ieu.. Terus terang harita kuring tepika ciciduh harepeun TV, untung weh eweuh jalma harepeun kuring, da lamun aya mah tinangtu bakal kaciduhan.. Kuring ngan ukur ngagerendeng, deuh ieung kumaha mun anak incu kuring kabengbat ku cacarita jarian siga kieu, mereun kuring bakal dipeta tanggung jawab, jaga!!! Sanggeus kitu, anyar keneh Abdul Basit di ondang dina hiji forum, netelakeun "ceunah" Abdul Basit "ngaralat" memeres pernyataan baheula, manehna ngaku yen Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam teh nabi jeung rasul panungtung, moal aya deui nabi sabada Muhammad, sedengkeun Mirza Ghulam Ahmad dijadikeun guru, mursyid keur tauladan manehna, ceunah deui netelakeun ti saprak harita Ahmadiyyah moal misahkeun diri deui jadi ummat "eksklusif" anu beda ti Islam umumna, bakal ngabaur ngajadi hiji. Ah..asa pamohalan yeuh, maenya dua taun katukang manehna meni tetenjrag ngabusungkeun dada yen Aya nabi sanggeus Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam, tapi ayeuna roba saratus dalapan puluh darajat KUSABAB beja nerekab bakal aya larangan Ahmadiyyah di Indonesia, lain etateh anu disebut Agama plin plan??? Maenya pamimpin tepika robah pamadegan, jeung deuih salah posisi, ngarobahna dina posisi kadeseh.. Masih dina Tv anu sarua (MTA, kabeneran kuring bari nulis ieu ge bari lalajo MTA, tapi pas bagian program basa urdu jadi teu ngarti yeuh kuring :-)), sataun katukang, aya hiji ibu-ibu mangkuk di daerah banten (punten ka urang Banten, da kuring ge kungsi mangtaun taun di dinya, dagang hui :-)) kapeto diwawancara dina acara nu aya patalina jeung perkara kayakinan Ahmadiyyah, eta si ibu cacarita meni lempeng taya aling-aling, manehna ceunah pangna pindah tina Islam baheula ka Ahmadiyyah kusabab aya ilapat tina ngimpi, dina impian ceunah sa wilayah Banten di tarajang tsunami, ampir lantis sakabeh daratan Banten ka sapu ku tsunami, tapi (ceunah) ku perkara anu dadak sakala, manehna aya nu nulungan ku nu ghaib tepika salametna, kocap kacarita, manehna "ngadu bako" jeung si nu ghaib tea, anu nyimpulkeun yen ajaran anu lempeng teh nyaeta Ahmadiyyah, teu antaparah deui sababaraha poe ti harita si ibu langsung jadi anggota Ahmadiyyah sajati. Keun dina perkara urusan ghaib ghaib kitu, etamah kembang sare, nu jadi kuring kekerot, dina palebah si ibu nyarita kieu: "Dengan Ahmadiyyah, saya merasa tenang dan damai, baru lalu saya Alhamdulillah dapat melaksanakan haji di Makkah, dan sebagai umat Ahmadiyyah TENTU SAJA SAYA TIDAK PERNAH IKUT SHALAT BERSAMA IMAM MAKKAH, saya hanya melakukan shalat setelah mereka (maksudna jalma2 anu shalat kaasup imam Makkah anu kasohor tea) melakukannya. Sok, pama urang jelema normal tur sahenteuna boga elmu najan saeutik kana ka Islam-an urang, naha teu nyeri hate ku omongan si ibu eta?, jeung saenyana apanan si ibu teh lain saomong omongna, apanan Ahmadiyyah mah kakoncara kaumna kaum eksklusif, nyaeta kaum anu moal baur jeung Islam umumna, Ahmadiyyah WAJIB jadi imam ummat Islam, Ahmadiyyah DILARANG jeung dipahing pisan jadi ma'mum jamaah Islam sejen, kusabab Ahmadiyyah ngaku yen manehna anu boga hak pikeun nangtukeun sagalana, nya Ahmadiyyah anu nyebut yen urang-urang teh sesat!!! Ahmadiyyah boga cara sorangan pikeun meuli kavling sawarga, pan ari urang mah meuli sawarga teh ku amal urang anu payus jeung tuntunan anu bener, tapi ahmadiyyah mah beneran meuli sawarga teh ku duit, sok geura ka para mualim anu kahot dina masalah ieu tanyakeun.. Ahmadiyyah mah siga (punten) agama non Islam, anu ngawajibkeun motong 10 persen tina panghasilan bulanan urang, anu ngawajibkeun meuli kaveling sawarga ku duit. Perkara nu sejen, ieu anu ku kuring bener-bener jadi kahariwang, Ahmadiyyah teu siga urang, pan ari Islam mah kakoncara perkara "lakum diinukum wa liyadiin" anu dikuatkeun ku ayat "laa iqraha fidDiin", teu maksa mirosa perkara asup ka Islam, tapi mun aya niat nya bagea teuing. Tapi Ahmadiyyahmah apanan aya kesan maksa, aya hiji kajadian, si ustadz (ti pihak urang) nyieun artikel dina salah sahiji Koran, ana kurunyung datang surat ti organisasi Ahmadiyyah netelakeun supaya manehna (si ustadz eta) ngarobah ageman jadi jamaah Ahmadiyyah, heeuh mun ka kuring mah moal dihaminan, apanan ieumah maksa mirusa (sanajan ukur surat ajakan) ka ustadz anu kakoncara luhung elmu agaman.pan jadi hayang seuri. Ku kituna, kuring bener2 ngarasa hariwang, hususon ka dulur-dulur kuring sa nini sa uyut, atuh umumna ka sakumna ummat Islam, prak geura laksanakeun Islam anu sabener-benerna, tolab elmu anu lempeng, ulah mirosea perkara nu teu kaharti ku akal, mereun dina inyana Allah Ta'ala maparinan kabagjaan mangrupa kanikmatan dina hirup huripna jaga, urang baris ruing mungpulung deui, mereun bisa maen milis deui diditu kalayan barakah, perkara ditariman henteuna urang dipayuneun Allah, ah apan geus natrat tidituna pangajaran anu jentre anu di dugikeun ku rasul urang Muhammad shallallahu 'alayhi wa sallam, perkara ditarima henteuna, wallahu a'lamu, nu jelas urang geus satuhu teu tambelar ka Nu Maha Kawasa. Hanca.. From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya Sent: Tuesday, April 22, 2008 4:35 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] kultus ala india > From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED] <mailto:tessartea%40yahoo.com> com> > Lain soal ngarugikeun jeung nguntungkeun ceuk kuring > mah! soal kahormatan Aqidah Islam nu wajib dibela ku > nu ngaku Muslim. Ah eta mah mangga wae, kumaha kang Tessar. Kuring mah simpati ka jelema nu ditandasa jeung dikakaya. Tempat ibadahna dibaledogan, imahna dirusak. Di Lombok malah tepi ka ngarungsi, teu boga tempak keur nganjrek. Malah aya nu ngahalalkeun getihna. Kuring oge Muslim, lain Akhamdyah, tapi kuring mah moal ngiluan, teu asup kana rasa kamanusaan kuring ....... Baktos, WALUYA __________ NOD32 3046 (20080422) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset. <http://www.eset.com/> com _____ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try <http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http:/mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8H DtDypao8Wcj9tAcJ%20> it now.

