Kang, Muhammadiyah mah KOKAM...
Anshor sareng banser mah sami ti NU...


^_^

 

--- In [email protected], Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang,
>   Alhamdulillah ceuk kuring mah meni nyerep...lantif, ..JELAS
>   Tapi sigana Kang, tujuan Ahmadiyah bakal kalaksanakeun..geuning
tong jaga2 teuing, ayeuna oge loba jalma nu simpati, loba jalma nu
ngabela, loba jalma nu geus kasurupan.
>   Tong jauh2 kang, di millist ieu oge geuning jadi rame....aya nu
ngabela aya nu mupuas, aya nu.....wah lain-lain pamadegan na. Abong
jalma mawa akal jeung pikiran masing-masing.kabeh sarua ngarasa bener,
termasuk kuring.
>   Tah didieu na lamun akal urang euweuh erem, tangtu bakal
tatarabas.....sedengkeun erem urang teh AQ jeung AH eta. (geus puguh
hadist mah loba nu dipalsukeun..). Tapi urnag kudu percaya Alquran
bakal disalametkeun nepi ka datangna kiamat.
>   Balik deui ka nu ngabela ahmadiyah, Tuh tingali di Cirebon dugi ka
NU ngerahkeun banser.....Sok inggis gusdur mahanan panser yeuh...
>   Muhammadiyah ngerahkeun Anshor moal nya??? mudah2an tong kabawa ku
kasakaba-kaba...
>   Mun geus kieu perang campuh sigana.....si Durjana seuri
ngagak-gak....ti belah kulon....
>   "Berhasil...! berhasil...!  .....cenah. Islam di wewejet......!
deudeuh anak incu urang jaga. bulu punduk muriding, kumaha nasib anak
incu, naha masih panceg dina aqidah nu bener nya...
>   Mugia disalametkeun ya ALlah...amiin.....
> 
> Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>               Punten jadi ateul hoyong ulubiung yeuh,
>   Kuring satuju pisan sareng pangangken saderek Tessar Wardhana dina
perkawis aqidah, tapi oge kuring satuju pisan dina pangangken pa
Waluya dina perkawis muamalah.
>   Sakanyaho kuring perkara Ahmadiyyah, kabeneran pisan kuring remen
nyengcle dina program Tv international Ahmadiyyah anu disebut MTA
International, netelakeun rehna Ahmadiyyah kaasup ajaran anu cacad
tina sagemblengna ka-Islam-an. Atuh sabatae mun urang anu geus ngaku
boh sacara sadar atawa doktrin ti leleutik kana Islam kaasup kanyaho
anu leuwih jero perkara elmu Islam bakal ngarasa gereget, ngarasa
diwewejet "harga diri" mangrupa aqidah anu geus ngadarah daging dina
diri urang, bujeng-bujeng urang anu geus jebrog, dalah benceuh anu
kakarek sakola SMP ogenan geus apal kana perkara dalil dasar khusus
kana urusan tauhid uluhiyyah jeung rububiyyahna, komo perkara asma wal
sifat mah geuning ti sakola SD oge geus remen bari dinyanyikeun sagala
rupa….
>   
>   Keun kuring nyoba nata-an naon pangna Ahmadiyyah tepika rame jadi
paguneman ka ayeunakeun. Sakumaha urang tos arapal sajarah mucunghulna
Ahmadiyyah, dina prakprakana geuning Ahmadiyyah teh salian ti rada
mengpar tina urusan sakumaha anu agem ku urang ayeuna, oge anu matak
pikahariwangeuna teh nyaeta tekad jeung cita-citana anu hayang nga
"Ahmadiyyah"-keun rahayat Indonesia, masih inget teu basa Hadzrat
Masih Mau'ud IV (samacam khalifah-na Ahmadiyyah) nganjang taun 2000-an
ka Indonesia? Apanan matak panas ceuli, ceunah mah, dina taun sakian
sakian, pasti Indonesia bakal jadi nagara anu ngagem Ahmadiyyah
terbesar sa dunya!!!, apan tong boro katepi tah cita-cita teh, ayeuna
oge ngadon di burak barik ku MUI jeung pamarentah, enya diburak barik
soteh perkara ngahalangan paniatan nga-Ahmadiyyahkeun rahayat
Indonesia, keun da ari silih hancurkeun dipihak handapmah eta lain
deui urusan, etamah geus urusan criminal anu kudu diserenkeun kanu
berwajib.
>   Kuring masih inget keneh harita taun 2005, pupuhu JAI (Jamaah
Ahmadiyyah Indonesia) nyaeta Maulana Abdul Basit (di rengrengan
Ahmadiyyah mah sok nelah ku kecap maulana ka para "ustadz"-na teh),
netelakeun perkara nabi panutup, yen nabi panutup teh lain Muhammad
shallallahu `alayhi wa sallam, tapi nya eta tah Mirza anu jadi nabi
maranehna tea, manehna bari pinuh ku kayakinan netelakeun perkara anu
disebut "khatamanNabiyyin"-teh lain diartikeun pamungkas/panutup para
nabi, tapi kecap khatam bisa wae diartikeun "cincin" alias lelepen,
sedengkeun ari lelepen apan buleud eweuh tungtungna, ceunah tah ceuk
Abdul Basit, anaolgi khatam bisa dipraktekkeun dina perkara dares/maca
Qur'an, apanan lamun hiji jelema nugtrug maca Qur'an ti mimiti
alFatihah tepika panutup surah anNaas lain hartina peun ereun tepika
dinya kusabab geus "khatam" meresan maca Qur'an, apanan isuk geto oge
bakal balik deui maca Qur'an-na ti mimiti, tah kitu deui perkara
khatamanNabiyyin oge kitu pisan
>  lalampahana teh, jadi nabi Muhammad teh lain nabi pamungkas,  tapi
bisa balik deui saperti jamanna nabi Adam, tah kitu pisan pangakuan
Abdul Basit harita, nyaritana meni ilmiyyah pisan dibarung ku
ayat-ayat alQur'an anu norolang kaluar tina otakna.
>   Seug teh ieu caritaan Abdul Basit kadawuh jeung katarima ku jalma
anu deet elmu ageman Islam, kuring mah yakin 90 persen jalma (anu
kurang elmu) bakah manggut percaya kitu bae kana caritaan Abdul Basit
ieu, anu antukna moal bireuk tah, bakal ngabring pa untuy-untuy jalma
kataji jeung kagembang ku ajaran ieu….   
>   Terus terang harita kuring tepika ciciduh harepeun TV, untung weh
eweuh jalma harepeun kuring, da lamun aya mah tinangtu bakal
kaciduhan…. Kuring ngan ukur ngagerendeng, deuh ieung kumaha mun anak
incu kuring kabengbat ku cacarita jarian siga kieu, mereun kuring
bakal dipeta tanggung jawab, jaga!!!
>   
>   Sanggeus kitu, anyar keneh Abdul Basit di ondang dina hiji forum,
netelakeun "ceunah" Abdul Basit "ngaralat" memeres pernyataan baheula,
manehna ngaku yen Muhammad shallallahu `alayhi wa sallam teh nabi
jeung rasul panungtung, moal aya deui nabi sabada Muhammad, sedengkeun
Mirza Ghulam Ahmad dijadikeun guru, mursyid keur tauladan manehna,
ceunah deui netelakeun ti saprak harita Ahmadiyyah moal misahkeun diri
deui jadi ummat "eksklusif" anu beda ti Islam umumna, bakal ngabaur
ngajadi hiji.
>   Ah……asa pamohalan yeuh, maenya dua taun katukang manehna meni
tetenjrag ngabusungkeun dada yen Aya nabi sanggeus Muhammad
shallallahu `alayhi wa sallam, tapi ayeuna roba saratus dalapan puluh
darajat KUSABAB beja nerekab bakal aya larangan Ahmadiyyah di
Indonesia, lain etateh anu disebut Agama plin plan??? Maenya pamimpin
tepika robah pamadegan, jeung deuih salah posisi, ngarobahna dina
posisi kadeseh….
>   Masih dina Tv anu sarua (MTA, kabeneran kuring bari nulis ieu ge
bari lalajo MTA, tapi pas bagian program basa urdu jadi teu ngarti
yeuh kuring J), sataun katukang, aya hiji ibu-ibu mangkuk di daerah
banten (punten ka urang Banten, da kuring ge kungsi mangtaun taun di
dinya, dagang hui J) kapeto diwawancara dina acara nu aya patalina
jeung perkara kayakinan Ahmadiyyah, eta si ibu cacarita meni lempeng
taya aling-aling, manehna ceunah pangna pindah tina Islam baheula ka
Ahmadiyyah kusabab aya ilapat tina ngimpi, dina impian ceunah sa
wilayah Banten di tarajang tsunami, ampir lantis sakabeh daratan
Banten ka sapu ku tsunami, tapi (ceunah) ku perkara anu dadak sakala,
manehna aya nu nulungan ku nu ghaib tepika salametna, kocap kacarita,
manehna "ngadu bako" jeung si nu ghaib tea, anu nyimpulkeun yen ajaran
anu lempeng teh nyaeta Ahmadiyyah, teu antaparah deui sababaraha poe
ti harita si ibu langsung jadi anggota Ahmadiyyah sajati.
>   Keun dina perkara urusan ghaib ghaib kitu, etamah kembang sare, nu
jadi kuring kekerot, dina palebah si ibu nyarita kieu: "Dengan
Ahmadiyyah, saya merasa tenang dan damai, baru lalu saya Alhamdulillah
dapat melaksanakan haji di Makkah, dan sebagai umat Ahmadiyyah TENTU
SAJA SAYA TIDAK PERNAH IKUT SHALAT BERSAMA IMAM MAKKAH, saya hanya
melakukan shalat setelah mereka (maksudna jalma2 anu shalat kaasup
imam Makkah anu kasohor tea) melakukannya. Sok, pama urang jelema
normal tur sahenteuna boga elmu najan saeutik kana ka Islam-an urang,
naha teu nyeri hate ku omongan si ibu eta?, jeung saenyana apanan si
ibu teh lain saomong omongna, apanan Ahmadiyyah mah kakoncara kaumna
kaum eksklusif, nyaeta kaum anu moal baur jeung Islam umumna,
Ahmadiyyah WAJIB jadi imam ummat Islam, Ahmadiyyah DILARANG jeung
dipahing pisan jadi ma'mum jamaah Islam sejen, kusabab Ahmadiyyah
ngaku yen manehna anu boga hak pikeun nangtukeun sagalana, nya
Ahmadiyyah anu nyebut yen urang-urang teh sesat!!!
>   Ahmadiyyah boga cara sorangan pikeun meuli kavling sawarga, pan
ari urang mah meuli sawarga teh ku amal urang anu payus jeung tuntunan
anu bener, tapi ahmadiyyah mah beneran meuli sawarga teh ku duit, sok
 geura ka para mualim anu kahot dina masalah ieu tanyakeun….
>   Ahmadiyyah mah siga (punten) agama non Islam, anu ngawajibkeun
motong 10 persen tina panghasilan bulanan urang, anu ngawajibkeun
meuli kaveling sawarga ku duit.
>   
>   Perkara nu sejen, ieu anu ku kuring bener-bener jadi kahariwang,
Ahmadiyyah teu siga urang, pan ari Islam mah kakoncara perkara "lakum
diinukum wa liyadiin" anu dikuatkeun ku ayat "laa iqraha fidDiin", teu
maksa mirosa perkara asup ka Islam, tapi mun aya niat nya bagea
teuing. Tapi Ahmadiyyahmah apanan aya kesan maksa, aya hiji kajadian,
si ustadz (ti pihak urang) nyieun artikel dina salah sahiji Koran, ana
kurunyung datang surat ti organisasi Ahmadiyyah netelakeun supaya
manehna (si ustadz eta) ngarobah ageman jadi jamaah Ahmadiyyah, heeuh
mun ka kuring mah moal dihaminan, apanan ieumah maksa mirusa (sanajan
ukur surat ajakan) ka ustadz anu kakoncara luhung elmu agaman…pan jadi
hayang seuri…
>   Ku kituna, kuring bener2 ngarasa hariwang, hususon ka dulur-dulur
kuring sa nini sa uyut, atuh umumna ka sakumna ummat Islam, prak geura
laksanakeun Islam anu sabener-benerna, tolab elmu anu lempeng, ulah
mirosea perkara nu teu kaharti ku akal, mereun dina inyana Allah
Ta'ala maparinan kabagjaan mangrupa kanikmatan dina hirup huripna
jaga, urang baris ruing mungpulung deui, mereun bisa maen milis deui
diditu kalayan barakah, perkara ditariman henteuna urang dipayuneun
Allah, ah apan geus natrat tidituna pangajaran anu jentre anu di
dugikeun ku rasul urang Muhammad shallallahu `alayhi wa sallam,
perkara ditarima henteuna, wallahu a'lamu, nu jelas urang geus satuhu
teu tambelar ka Nu Maha Kawasa.
>   
>   Hanca….
>   
>   
>       From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya
> Sent: Tuesday, April 22, 2008 4:35 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] kultus ala india
> 
> 
>   
>         > From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]>
> > Lain soal ngarugikeun jeung nguntungkeun ceuk kuring
> > mah! soal kahormatan Aqidah Islam nu wajib dibela ku
> > nu ngaku Muslim.
> 
> Ah eta mah mangga wae, kumaha kang Tessar. Kuring mah simpati ka
jelema nu 
> ditandasa jeung dikakaya. Tempat ibadahna dibaledogan, imahna
dirusak. Di 
> Lombok malah tepi ka ngarungsi, teu boga tempak keur nganjrek. Malah
aya nu 
> ngahalalkeun getihna. Kuring oge Muslim, lain Akhamdyah, tapi kuring
mah 
> moal ngiluan, teu asup kana rasa kamanusaan kuring .......
> 
> Baktos,
> WALUYA 
> 
>   
> 
> __________ NOD32 3046 (20080422) Information __________
> 
> This message was checked by NOD32 antivirus system.
> http://www.eset.com
> 
> 
> 
>   
> 
>                            
> 
>        
> ---------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. 
Try it now.
>


Kirim email ke