Ua Rachmat,

Iraha kang Gum ka Koreana? manawi sanes diantwis 25 Mei - 8 Juni, da 
abdi nuju di Lembur, tah abdi aya niat kanggo nepangan.

Hatur nuhun,

Yaya

--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualaikum Wr.Wb.
>  Dibujeng enggalna wae, bade masihan wartos, wirehna
> rektor UI (Prof.Dr.der.Soz. Gumilar Rusliwa Somantri),
> sareng bojona (Nenden), bade nganjang ka Korea
> selatan, wengi ieu (Senin malam, waktu Ind), angkat di
> Bandara Soekarno Hatta.
> 
> Upami aya waktosna, Apih nepangan ka Anjeunna,
> wartoskeun wae kantos ka UI, putra Apih lulusan FISIP
> UI. Jalmina someah. Abdi kenal sareng duanana teh,
> margi kapungkur sa asrama di Daksinapati Kampus
> Rawamangun. Sering ngempel, sareng rerencangan (Urang
> Sunda) sa asrama.
> 
> Cobi meredih ka Pa Rektor, Kumaha upami acara HBH
> KUSnet diayakeun di Kampus UI Depok. (kanggo
> alternatif, upami di sindangbarang, para wargi KUSnet
> heunteu panuju). Upami Apih tos nyarios, ke ku abdi di
> "follow up".
> Punten janten ngarepotkeun.
> 
> Wassalam,
> 
> mrachmatrawyani
>


Kirim email ke