Assalamualaikum Wr.Wb.
Dibujeng enggalna wae, bade masihan wartos, wirehna
rektor UI (Prof.Dr.der.Soz. Gumilar Rusliwa Somantri),
sareng bojona (Nenden), bade nganjang ka Korea
selatan, wengi ieu (Senin malam, waktu Ind), angkat di
Bandara Soekarno Hatta.
Upami aya waktosna, Apih nepangan ka Anjeunna,
wartoskeun wae kantos ka UI, putra Apih lulusan FISIP
UI. Jalmina someah. Abdi kenal sareng duanana teh,
margi kapungkur sa asrama di Daksinapati Kampus
Rawamangun. Sering ngempel, sareng rerencangan (Urang
Sunda) sa asrama.
Cobi meredih ka Pa Rektor, Kumaha upami acara HBH
KUSnet diayakeun di Kampus UI Depok. (kanggo
alternatif, upami di sindangbarang, para wargi KUSnet
heunteu panuju). Upami Apih tos nyarios, ke ku abdi di
"follow up".
Punten janten ngarepotkeun.
Wassalam,
mrachmatrawyani