Hatur nuhun kana informasi anu tos didugikeun kang
Badru. Teu naon-naon, tos kapendak sareng kang Hendra,
abdi nunjuk kang Badru Ketua II HBH, anu tanggel waler
perkawis akomodasi sareng kalancaran acara.
Hanjakal Pa Maki sareng kang Hendra saparakanca aya
wagelan. Namung anu paling penting mah, nyuhunkeun
idin ti Pa Maki ngangge tempat KBBS, kanggo HBH. Ari
impian kuring mah tema HBH nu bade dongkap teh "Wisata
Budaya menikmati situs Pakuan Pajajaran" . Kahoyong
mah acara puncak HBH teh dina dinten saptu wengi
(11/10), nyaeta ngobrolkeun perkawis situs Pakuan
Pajajaran anu didugikeun ku Ambu Richadiana (Arkenas),
Kang Agus Aris Munandar saparakanca ti FIB. Enjingna
(12/10) nembe "napak tilas" situs anu aya di
sabudeureun wewengkon Kampung Budaya Baranangsiang,
anu dipandu ku kang Mumu saparakanca. Minggu sonten,
HBH tos tiasa lekasan.
baktos,
mrachmat uidipura
--- Badrudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Alhamdulillah, nuhun Gusti..
> nuhun ah kang Yani,
>
> Dinten saptu kamari abdi ka KBS, diditu tepung
> sareng kang Hendra,
> teh Herni, kang Dudi sareng kang Hadi.. perkawis HBH
> KUSnet 2008 oge
> sempet diobrolkeun sareng aranjeuna, (sakalian
> sasadu da geus
> wawanianan ngusulkeun kang Hendra jadi wakil pupuhu
> HBH heuheu..)
>
> Punten.. aya info kanggo kang Yani sareng baraya,
> pan Idul Fitri teh
> ping 1-2 Oktober, ningali HBH nu atos2 biasana mah
> diayakeunna teh 1-2
> minggu saatosna Idul Fitri, kanggo taun ieu ancer2na
> mungkin sekitar
> ping 12 atanapi 19 pami diayakeun dinten minggu..
>
> Tah jigana pami ping 12 Oktober mah moal tiasa, da
> kang Maki sareng
> rengrenganna ti KBS kalebet kang Hendra bade ka Bali
> (di ondang ka
> Festival Nusa Dua pami teu lepat mah) ti ping 7 dugi
> ka 15 oktober..
>
> Punten ieu mah saukur info.. da ngeunaan tempat HBH
> mah pan can
> diketok palu ku Apih nya..
>
> bdn.
> punten oge ah geus nyanyahoanan.. heuheu..
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ